Muhamad Musa



Ku Muhamad Kusaéri*
Saha ari Muhamad Musa?
R.H. Muhamad Musa atawa Muhamad Musa téh panghulu Kabupatén Limbangan anu tuluy jadi Kabupatén Garut ayeuna. Anjeuna lahir dina taun 1822. Terah ménak, da ramana téh Patih Kabupatén Limbangan. Keur budak kénéh anjeuna geus diajak munggah haji ka Mekkah. Samulihna teras ngulik bagbagan agama di pasantrén, di Purwakarta.
Taun 1852 anjeunna diangkat jadi Mantri Gudang. Tilu taun ti harita anjeunna geus diangkat deui jadi Hoofd-Penghulu (Penghulu Besar) Kabupatén Limbangan. Tugasna ngurus perkara kaagamaan (Islam). Lian ti éta Muhamad Musa gé sohor jadi pangarang Sunda.
Nalika jadi Panghulu, anjeunna sosobatan jeung K.F Holle, urang walanda juragan kebon  entéh Waspada di Cikajang. Holle téh urang walanda anuneundeun minat kalintang gedé kana kabudayaan Sunda. sosobatan sareng Holle téh kacida da litna, tur silih eusian.
Holle diajar basa Sunda, Jawa, jeung kabudayaan Sunda umumna ti Musa, sedeng Musa diajar ngeunaan pikiran-pikiran urang Barat.
Éta sosobatan dua jalma téh kacida gedé pangaruhna kana kahirupan urang Ga¬rut. Hole jeung Musa ngokojoan usaha pikeun ningkatkeun hasil tani jeung kamajuan pendidikan. Urang pribumi. Nya harita Garut jadi daérah anu leuwih maju jeung subur batan daérah Priangan séjénna.
Pangaruh Holle ogé katembong dina karangan-karangan Musa. Dina Wawacan Panji Wulung upamana, Musa nékenkeun pisan pikiran anu rasional. Upamana dicaritakeun, yén lamun hayang Sakti ulah dudukun, tapi kudu meuseuh awak jeung pikiran ku cara diajar jeung latihan unggal poé. Nya Musa jeung Holle deuih anu dianggap ngaluluguan modérnisasi di lingkungan urang Sunda jaman harita. ' Di antarana ku cara nyitak rebuan éksémplar buku keur bacaeun barudak sakola jeung masarakat umum jaman harita.
R.H. Muhamad Musa ngantunkeun dina ping 10 Agustus 1886 di Bogor, waktos anjeunna titirah di ditu. Anjeunna ninggalkeun karya anu kacida seueur sareng munelna.
Karya Muhamad Musa nu kasohor nyaeta Wawacan Panji Wulung nu terbit dina tahun 1871. Karya-karya sejenna anu di cetak antawisna :
1.      1862: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Wulang Krama, Wawacan Dongéng-dongéng, Wawacan Wulang Tani;
2.      1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim, Wawacan Seca Nala;
3.      1864: Ali Muhtar, Élmu Nyawah;
4.      1865: Wawacan Wulang Murid, Wawacan Wulang Guru;
5.      1866: Dongéng-dongéng nu Aranéh;
6.      1867: Dongéng-dongéng Pieunteungeun;
7.      1872: Wawacan Lampah Sekar;
8.      1881: Santri Gagal, Hibat.
Lian ti éta Muhamad Musa téh  geus ngarundaykeun putra-putu anu tuluy jaradi ménak nu salohor di Priangan. Diantarana R. A Lasminingrat (Tokoh Pendidikan Wanita) sareng R. Adipati Suria Karta Legawa (Bupati Garut). 
*) Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
Référénsi:
·         Komunitas Sriganti Garut.2004.Ensiklopedi Alit Garut.Garut:Dinas Pendidikan Kabupaten Garut
·         Rupa-rupa sumber séjén.