Nu Harayang Dihargaan, Nu Darpan Ariawinangun
Ku Hernisa Agustiani
Nugraha
Nu
Harayang Dihargaan nya éta carpon karangan Kang Darpan Ariawinangun. Nu kungsi
dilélér Hadiah Sastra Rancagé1 dina taun 1998.
Carpon
ieu nyaritakeun patepungna dua lalakon utama nya éta Kardi jeung Ikah dina
kayaan nu matak kentel ku amarah. Dina hiji peuting, keur aya kariyaan Dombrét.
Domrét téh mangrupa salasahiji kasenian nu biasana aya di wewengkon pasisian.
Dombrét biasana diayakeun dina usum panén hasil laut, pikeun hiburan para
pamayang nu tas capé ngalaut.
Dicaritakeun
Kardi nepungan Ikah nu keur ngadombrét bari napsu, siga hayang ngabudalkeun
kaambekna. Sabada Ikah kaluar ti kalang tuluy dangdan deui, datang Kardi noél
Ikah ti tukang. Paroman Ikah ngadak-ngadak béda, ngagambarkeun kaceuceub ka nu
noél tadi. Ti kariyaan, Ikah dibawa ka tempat nu rada singkur tur poék. Didinya
duanana pada-pada ngabudalkeun kaambekna séwang-séwangan.
Perkarana
nya éta Kardi nu hayang midingan kahormatan kulawargana, éraeun pédah kalakuan
Ikah nu ngalampahkeun hal nirca, kucara ngadombrét kateumbleuhkeun ka
kulawargana haji Somad, bapana Kardi. Ikah nu ngarasa geus seubeuh ku
panghinaan batur komo ku Kardi, urut salakina mah ngarasa teu salah rék
ngadombrét di lembur éta ogé. Sabab manéhna teu wasa balik deui ka lemburna
sorangan, pédah baheula ogé Kardi meunangkeun Ikah téh kucara nu matak wiring kolotna
Ikah.
Ditempat
éta kardi jeung Ikah pada-pada ngagorowokeun eusi haténa nu harayang dihargaan.
Kardi hayang kulawargana dihargaan batur, kitu ogé Ikah nu hayang hirupna
dihargaan batur najan ceuk manéhna mah kajeun dihargaan saharga runtah di
jarian ogé. Dina tungtung caritana di gambarkeun yén nalika Ikah balik deui ka
tempat ngadombrét, beungeutna geus barengep. Teu nolih sabudeureunna, Ikah laju
beuki mijah ngadombrétna nepi ka ngarampayak, ngagubrag kapaéhan.
Tah
kitu meureun gurat badagna eusi carpon Nu Hayang Dihargaan téh. Saupama
disawang mah sigana ieu carpon téh midangkeun téma sosial, nya éta rasa hayang
dihargaan ku batur. Nitenan pawatekan tokoh-tokohna, écés yén sakabéh palaku boga watek hayang ngeunah sorangan,
teu mikiran batur kumaha. Kardi nu keukeuh hayang kulawargana dihargaan, teu
paduli ka Ikah nu ogé hayang dihargaan. Kitu deui Ikah, Pa Haji Somad, atawa si
Abang bos dombrét pada-pada mentingkeun kahayangna sewang-sewangan. Bisa
katitén dina sempalan ieu, 1Hadiah
nu dibikeun ka jalma-jalma nu dianggap mere jasa pikeun kamekaran Basa jeung
Sastra Sunda. Hadiah ieu dihadiahkeun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé nu
diadegkeun Ku Ajip Rosidi, Erry Riyana Harjapamekas, Edi S. Ekajati, jeung
inohong lainna.
“cing atuh rék
ngadombrét mah ulah di lembur ieu. Di lembur sia kéh di ditu! Ngéra-ngéra baé
kulawarga aing.” Ceuk Kardi bari tutunjuk.
Atawa
sempalan-sempalan nu ieu,
“… ingetkeun ku sia, Si
Ikah ayeuna mah moal rék ngadéngé omongan batur! Aing geus teu sudi dijejeléh.
Hirup aing seubeuh teuing dihina ku batur. Aing ogé boga harga kénéh deuleu,
najan harga aing ukur saharga runtah dina jarian…”
“gelis balik maning ya.
Aja gawé melang inyong!” (si Abang bos dombrét)
Salian
tina pawatekanana, ogé tina setting ieu carpon katitén écés yén ieu téh
nyaritakeun kahirupan urang pasisian nu pakasabana rata-rata jadi pamayang.
Lian ti éta ogé dina carpon ieu bisa méré kaweruh ka nu maca yén tradisi
dombrét téh diayakeunna tipeuting. Sabada nitenan perkara-perkara diluhur, komo
bari urang ngarti kana jalan carita nu digambarkeun ku pangarang, urang bisa
metik amanahna nya éta saacan urang ménta pangharga ti batur urang ogé kudu bisa
ngahargaaan heula ka batur.
Kasang
tukang pangarang ogé mangaruhan kana ieu carpon nya éta tina jihat idé carita
ogé tina jihat gaya basa. Ide carita nu ngangkat kahirupan dombrét, luyu jeung
kasang tukang asal wewengkon pangarang nya éta di Sungaiula, Cibuaya, Karawang
Beulah kalér. Anu nurutkeun kaayaan géografis mah, émang mangrupa tempat nu
cocog ayana kasenian dombrét. Ogé tina
gaya basana anu teu lumrah jeung karya sastra pangarang séjén, nuduhkeun yén
Kang Darpan miboga gaya has anu mandiri nya éta réana basa wewengkon dina ieu
carpon.
Gaya
basana nu samodél kieu nu ngalantarankeun, carpon “Nu Harayang DIhargaan”
karangan Darpan Ariawinangun ieu dilélér Hadiah Sastra Rancagé. Dianggap punjul
sabab carponna nuduhkeun cirri mandiri dina basana. Mandiri didideu nya éta
gaya hasna Kang Darpan nu make basa teu saluyu jeung kabiasaan masarakat anu
sopan. Hal ieu moal ahéng saupama urang nyawang deui karya sastra nu gelar
dijaman harita. Karya nu gumelar di alam harita nya éta karya anu basana lemes
tur sopan ogé leuwih nonjolkeun hal-hal kaéndahan. Nalika ieu carpon
dipidangkeun ka masarakat, sigana ieu carpon téh bisa méré hawa nu béda. Hawa
nu matak soak, tapi ogé matak resep macana. Tapi enya ogé kitu, lain hartina
Kang Darpan salasahiji pangarang anu babasaanna goréng. Buktina ka-hasanna dina
nulis carponna beuki ngeyeuban deui warna lokal dina sastra Sunda.
Tehnik
midangkeun jalanna carita ogé matak jadi hal anu nyieun kapunjulan dina ieu
carpon. Konflik nu diwangun ampir disagemblengna carita dina ieu carpon anu
satuluyna dipungkas ku ahir nu matak ngajawab kapanasaran nu maca. Kusabab
konflikna geus dipidangkeun ti mimiti kénéh, nu maca jadi leuwih kabawa émosi
dina caritana. Tapi sabada ninggalkeun paragrap anu midangkeun konflik éta, nu
maca siga nu dibéré kapanasaran kana patalékan ‘kumaha tungtungna, naha tuluy
gelut atawa henteu? ‘ jeung ‘kumaha satuluyna nasib Ikah jeung Kardi?’.
Patalékan-patalékan éta bisa kajawab dina pungkasan carita carpon ieu. Tehnik
samodél kieu nurutkeun kuring mah, tehnik anu
mere kejutan.
Tangtuna
waé salian ti euyeubna paktor nu nyababkeun kaonjoyan ieu carpon, aya perkara
anu saeutik jadi kahéngkéran dina ieu carpon. Gaya basa anu ‘kasar’, nu
ngajadikeun carpon ieu punjul ogé matak bisa jadi kahéngkéranna. Sabab teu bisa
dihenteu-henteu yén warna anyar dina basana ieu nyababkeun nu maca jadi loba
kerung. Hal ieu bisa waé ngurangan saeutik kani’matan dina maca carpon ieu.
Jadi
intina ieu carpon téh émang pantes meunangkeun Hadiah Sastra Rancagé sabab réa
punjulna komo dina basana anu méré warna anyar dina euyeubna Sastra Sunda. Tapi
ogé hal ieu matak jadi batu nu ngahalangan pikeun nu maca, komo lamun nu macana
teu boga pangalaman maca nu cukup.
Didugikeun dina
sawala mingguan Turus 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar