Turus Hima Pensatrada
A.
Sajarah
Turus
Teu
pati loba data ngeunaan sajarah Subid Turus Hima Pensatrada mah, ngan nu puguh
mah nurutkeun ceuk ujaring carita mah Turus téh mimitina diadegkeun ku Taufik
Faturrahman,spk anu saterusna dituluykeun ku kang Budi Rahayu Tamsyah, spk. Mangsa
harita aya hiji buletin mahasiswa nu ngaranna ‘Turus’, dikokolakeunana ku Budi
Rahayu Tamsyah, spk. Meunang sataun midang, bet tuluy kalah ilang raratanana,
teu kapanggih bangké-bangkéna acan. Bijil deui taun 1984, dikokolakeun ku Kang
Heriyana. Nu jadi udagan harita téh teu idéalis teuing saurna mah, hayang
ngahudang kawani mahasiswa némbongkeun tulisanana nu satuluyna meunang réspon
ti nu maca. Nu jadi pasualan mangsa harita téh nya éta kurangna naskah nu asup
ka rédaktur anu nepi ka ayeuna ogé atung énéh atung énéh waé.
Naha bet
dingaranan ‘Turus’, henteu Combro atawa Géhu, cenah mah aya
falsafahna. Ari ‘Turus’ téh kecap nu ngandung harti akar anu
ngareuy, ngarambat. Dina ieu hal ‘Turus’ téh hayang ngarambatkeun
karep mahasiswa kana nulis dina basa Sunda tur méré jalan pikeun ngabaladah
mahasiswa nu ngamimitian nulis dina basa Sunda.
B.
Program
Gawé
Mimita
mah program gawé nu aya di Turus teu pati réa siga nu ayeuna, tapi udaganna mah
masih tetep sarua pikeun jadi wadah keur mahasiswa Sunda nu resep kana
tulas-tulis (sastra). Ti kapangurusan mimiti nepi ka ayeuna téh program gawéna
terus dimekarkeun, sangkan Turus téh bisa leuwih dikenal deui jeung leuwih lega
cakupanna. Turus dina hartian wadah hartina nampung sakabéh karya Mahasiswa
Sunda, umumna keur masarakat Sunda nu hayang dipublikasikeun sangkan
dipikawanoh ku balaréa. Tah dina narékahan éta udagan téh Turus nyieun hiji
media publikasi dina wangun cétak nu sok disebut Buletin jeung kungsi nyieun
ogé dina media online (blog) ngan
hanjakal nu dina media online téh pareum. Ku kituna dina kapangurusan taun
ayeuna Turus bakal ngahirupkeun deui éta media publikasi nu online (blog) téh,
sangkan bisa leuwih dipikawanoh deui ku balaréa. Anapon program gawéna
kapangurusan 2015-2016 nya éta:
1.
Kagiatan
Insidental:
a.
Regenerasi keanggotaan (Diklat Turus)
2.
Kagiatan
Rutinitas:
b.
Sawala Mingguan
c.
Sakola Nulis
d.
Mading
e.
Blog
3.
Kagiatan
Inisiatif:
a. Tanggap
Buku (Bedah Buku)
b. Sakola Sastra
c. Saba Sastra
Langkung
jéntréna ngeunaan Progra Gawé Turus Periode 2015-2016 klik ieu.
Anapon
Pangurus Turus periode 2015-2016 diantarana:
1. Pupuhu
Turus :
Yogi Permadi
2. Girang
Serat :
Herlina Febriani
3. Juru
Simpen :
Tsani Nurajriani
4. PJ
Humas :
Diah Ulfah
5. PJ
Sawala jeung Sakola Nulis :
Hinhin Wahidah
6. PJ
Mading :
Ratna Nur Hasanah
7. PJ
Blog :
Muhamad Kusaéri
Tidak ada komentar:
Posting Komentar