Abdullah Mustappa



Abdullah Mustappa (Garut, 18 Nov 1945) téh pangarang, wartawan, kolomnis, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia. Satutasna namatkeun SD di Garut, anjeunna pindah ka Bandung. Satamatna ti SMA tuluy digawé di lingkungan Departemén P & K, tuluy di pausahaan Swasta. Ku sabab minatna kana ngarang kacida gedéna, nya anjeunna ngahususkeun diri pikeun ngarang, boh fiksi boh non fiksi. Mimiti ngasuh dina majalah Fusi (1971), tuluy jadi koréspondén majalah Mimbar jeung Témpo (1972-1978), laju jadi rédaktur majalah Manglé, nepi ka jadi wakil Pamingpin rédaksi.
Resep nulis Basa Sunda boh Basa Indonesia (prosa, puisi, jeung essay). Essayna ngeunaan puisi Amir Hamzah unggul dina sayembara nu diayakeun ku pusat bahasa, Jakarta. Taun 1986 anjeunna kaluar ti Manglé pikeun mingpin Penerbit Pustaka Karsa Sunda (1987-1988), sarta digawé jadi rédaktur di mingguan Galura, kalawarta basa Sunda. Nalika mingpin Pustaka Karsa Sunda, inyana mingpin ogé Katumbiri, nu medal sabulan sakali.
Dina basa Sunda Abdullah nulis carpon, sajak, artikel, sarta narjamahkeun. Karya anu paling munggaran nya eta Lembur Kuring anu medal taun 1979. Bukuna nu geus medal antarana Lembur Singkur (1979), Nu teu Kungsi Kalisankeun (1985), Mikung (1983), Si Mata Heulang (salinan bébas tina Last of the Mohican karya F. Fenimore Cooper), Mikung (1985), Hang Tuah (1974), Wirahma Sajak (1985), Sawidak Carita Pondok (antologi carita pon­dok Sunda disusun babarengan jeung Karno Kartadibrata jeung Duduh Durahman, 1982), Saratus Sajak Sunda: Pangbagéa Mie1ing 46 Taun Sajak Sunda, milih jeung jadi editor kumpulan carpon Aam Amilia Panggung Wayang (1992).
Abdullah Mustappa salah sahiji pangarang sunda anu masihaktip dugika danget kiwari. Salah sahiji karyana nya eta 68 Sajak Alit "Titimangsa" anu ditulisna kanggo carogena Aam Amilia.
Kungsi jadi pamingpin Penerbit Pustaka Karsa Sunda, redaktur tabloid basa Sunda Galura (grup pikiran rakyat), jeung anggota redaksi koran Pikiran rakyat. Kiwari Abdullah Mustappa sacara maneuh ngeusian rubrik Kaca Tilu dina Majalah Manglé
Sababaraha hiji karya Abdullah Mustappa kungsi dileler pengahrgaan, diantarana "Zulharmans" dileler anugrah jurnalistik, taun 1995 Abdullah Mustappa dileler hadiah Samsudi pikeun bacaan barudak ti Yayasan Kabudayaan Rancage. Taun 2001, dileler Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi ti Paguyuban Pasundan. Taun 2006, Abdullah Mustappa dileler Hadiah Sastra Rancage pikeun jasa-jasana dina enggoning ngamumule jeung mekarkeun kasusastraan Sunda.


Mun teu salah mah ieu téh jalan nu harita
Lebah dinya aya dungus lebah ditu aya ranggon
Di lebah mana aya nu harita aya émpang?

Mun teu salah mah anjeun téh kuring téa
Dina tarang aya céda dina pipi aya karang
Tapi mata geuningan geus jadi béda

Nu dikedalkeun harita nu diharéwoskeun ayeuna
Jeung pacikrak anu récét dina sela-sela dahan
Sina ngéntépan harita jeung ayeuna
Nu salila ieu bacacar acak-acakan

(salah sahiji sajak dina 68 sajak alit Titimangsa)