DI PARAPATAN
Ku : Tarlan (2002)
Di parapatan nu mindeng kaliwatan
aya wegah nu teu weuleh marudah
aya harepan nu teu weleh nembongan
aya kahayang guyang tuluy silanglang
Di parapatan nu mindeng kaliwatan
gumelar madhab pilihan
hiji, dua, tilu, opat, harepan
kalima pancer kuring sorangan
Di parapatan nu mindeng kaliwatan
Raga nyangsaya teu walakaya
hawar-hawar reureundeuhan
ngumpulkeun pangacaian nu haliberan
Kukulu, 19 November 2003
Tina Cupumanik, Januari 2005
(dicutat tina Antologi Lir Cahya Nyorot Eunteung)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar