Prawawanohan minangka Pamuka Mitra Sunda


Ku Muhamad Kusaéri



Salasa, 1 Séptémber 2015

            Geus teu bireuk deui unggal taun ajaran anyar di unggal departemen (jurusan) di UPI atawa di kampus séjénna téh sok ngayakeun nu ngaranna ospék jurusan minangka proses pengaderan di himpunan mahasiswana, sok sanajan ngaranna téh sok béda-béda diunggal himpunanna. Kitu deui di Hima Pensatrada nu aya di Departemén Pendidikan Bahasa Daérah  FPBS UPI nu ngaranna téh Mitra Sunda.
            Éta  kagiatan téh biasana diayakeun saminggu sanggeus dilaksanakeunna MOKA-KU UPI, tapi saméméh nyanghareupan Mitra Sunda, biasa sok dibuka heula ku nu ngaranna Prawawanohan. Éta kagiatan téh udaganna pikeun silih wanohkeun unggal mahasiswa anyar DPBD turta méré informasi ngeunaan naon waé nu bakal aya dina Mitra Sunda téh. Kitu ogé nu nembé kaalaman ku para mahasiswa anyar DPBD 2015 dina poé senén kamari.
Anapon sabaraha kagiatan atawa kuliah umumna nu tadi ditepikeun ku lanceuk-lanceuk tingkatna nya éta, aya silih ngawanohkeun diri unggal mahasiswa anyar DPBD 2015, silih némbongkeun bakat-bakatna, ngajarkeun salam Sunda 2015, pematérian perkawis jargon éntragan 2015,, pembagian kelas jeung kelompok, jeung pancén munggaran nu kedah dicumponan nalika Mitra Sunda dikawitan.
            Jargon entragan 2015 téh nya éta Guegeut, Layeut, Paheut nu boga harti jero ngeunaan karempegan entragan 2015, da udagan dina éta jargon téh sangkan sadaya mahasiswa boh nu anyar boh nu heubeul bisa guyub kalayan ngahontal pamaksudan tina éta jargon.
            Katémbong pasemon-pasemon para mahasiswa anyar 2015 nalika ilu biung acara Prawawanohan tadi. Sakumaha diujarkeun ku salah sahiji mahasiswa anyar DPBD 2015. “Ieu acara téh acara anu wajib pisan diayakeun diunggal taun, alatan ngaliwata ieu acara para mahasiswa anyar téh bisa langkung deukeut jeung akrab deui nalika badé ngawitan perkuliahan.” Pokna. “Abdi miharep kapayunna ieu kagitan tiasa langkung ngahibur sareng méré sumanget langkung ka para mahasiswa anyar sangkan bisa getol dina ngalakukeun kagiatan perkuliahanna, da ngarasa boga lanceuk tingkat anu kacida balalageurna, jadi ka diri urang téh matak pikabetaheun” tambahna téh.
            Mémang geus sakuduna jalma mah dina hirupna téh kudu silih asih, silih asuh, silih asah sangkan bisa guyub, loba batur, jeung loba dulur. Ku kituna éta kagitan téh bisa langkung dironjatkeun deui kapayunna sakumaha anu dipiharep ku para mahasiswa anyarna. (réd.)