Garut Pangirutan
Ku : Muhamad Kusaéri*
Garut
Kota Intan, salah sahiji wewengkon nu aya di tatar sunda nu ngabogaan sajarah
anu kalintang panjangna jeung rupa-rupa kamonésanana. Lumrahana kota titinggal
jaman baheula, Garut gé ngabogaan alun-alun. Alunna mah teu béda jeung
kota-kota séjén ngawengku wangunan Masjid (baheula mah sok disebut bale
nyungcung), pendopo, jeung babancong, pangbérokan atawa penjara, sarta pasar. Ari sisina mah dikuriling ku jalan.
Garut
katelah ku Domba aduna anu béda ti domba séjén. Tapi salian ti éta ogé Garut
ngabogaan rupa-rupa kamonésan nu séjénna, ngawengku objék wisata, kasenian,
kulinér, jeung nu panganyarna nu kiwari jadi réa jalma néangan téh nya éta batu
ali asli Garut.
1.
Objék
wisata
Garut
ngabogaan sababaraha objék wisata anu bisa dijadikeun destinasi nalika ulin ka Garut. Anapon sababaraha objék wisatana
nya éta:
a. Candi Cangkuang
Candi
Cangkuang téh perenahna di Situ Cangkuang, Kecamatan Lélés Garut. Ukuranna
mémang kawilang leutik mun dibandingkeun jeung jeung candi-candi séjénna. Legana
4,5 x 4,5 méter,, sarta jangkungna 8,5 méter. Di jerona aya rohangan leutik anu
legana ngan 1,,5 x 1,5 méter pasagi sarta jangkuna 2 méter. Di éta rohangan aya
patung Syiwa anu jangkuna 40 cm. Nurutkeun sawaréh ahli sajarah, ieu candi téh
titinggal abad ka-8, nya éta jaman Raja Sanjaya, jaman Hindu. Nepi ka awal
taun1960-an mah, éta candi ngan kapanggih ruruntukna. Dina tanggal 9 Désémber
1966, éta candi ditalungtik ku Drs. Uka Tjandrasasmita, sabada anjeuna maca
buku Notulén Bataviaagenootchap nu
ditulis ku Voderman, bangsa walanda dina taun 1893. Panalungtikan dituluykeun
taun 1967-1968 nu balukarna éta candi dirékontruksi dumansar kana pola batu anu
patingsoléngkrah. Antukna ngadeg Candi Cangkuang siga ayeuna. Sok sanajan éta pembangunan
éta candi téh dianggap kontrovérsial, alatan sawaréh batuna diganti ku batu nu
alanyar.
b. Cipanas
Réa
wewengkon nu maké ngaran Cipanas téh, tur umumna lantran kawéntar ay acai
panasna. Kitu deui Cipanas Garut, nu perenahna aya di kaléreun Kota Garut, ti
kota téh anggangna ukur 6 Km. Luyu jeung ngaranna, di Cipanas téh aya cinyusu
anu caina panas, turta panasna téh bisa nepi ka 49°C. éta caina téh ngocor ti
Gunung Gunturanu nepi ka kiwari masih aktif. Ilaharna wisata cai panas mah
biasana sok diparaké ngareueum, ngojay, atawa mandi. Da cenah cai panas téh
bisa dipaké ubar keur panyakit kulit.
Kaéndahan
Cipanas geus katelah ti awal abad ka-20 kénéh, dina jaman Mooi Garut, nepi ka disebut Swiss
van Java. Malah mah ceuk béja Charlie Chaplin, béntang film Hollywood
kungsi ngahajakeun pelesir ka Cipanas.
c. Curug Orok
Perenahna
aya di Désa Cikandang, Kecamatan Cikajang, Garut. Ujaring carita naha bet
diaranan Curug Orok téh, alatan baheula di éta curug téh kapanggih orok anu
dipiceun ku kolotna. Ti harita nepi ka ayeuna éta curug téh kaletah Curug Orok.
Baheula mah éta curug téh langka jalma nu daék ulin ka dinya, lantaran ceuk
béja mah baheula mah angker jeung loba jurigna. Teu saeutikulin ka dinya téh
kasuruoan teu puguh. Tapi éta mah carita baheula, ayeuna éta curug téh jadi
salah sahiji objék wisata anu réa didatangan ku wisatawan.
d. Gunung Cikuray
Gunung
Cikuray téh gunung nu pangluhurna di Garut. Luhurna kurang leuwih 2.821 méter
ti beungeut laut. Lantaran pangluhurna éta gunung téh babari katangénna, ngajegir
di kiduleun Kota Garut. Di sagédéngeun éta, Gunung Cikuray jadi lambing
kabeuharan alam Kota Garut. Ceuk para ahli, baheula mah éta gunung téh
dingaranan Srimanganti. Lempingna sok dijadikeun mandala, anu dipaké rupaning
élmu ku para pandita. Éta mandala téh dingaranan Gunung Larang Srimanganti anu
nuluykeun Karajaan Sunda nepi ka abad ka-17 dina widang tutulisan. Ti dinya
munculna naskah-naskah Sunda kuna anu ayeuna réa ditalungtik ku para ahli.
Kiwari
Gunung Cikuray jadi salah sahiji gunung nu jadi tujuan wisata pangpangna para
pendaki gunung, lantaran kaéndahanna, turta bisa nénjo éndahna Kota Garut di
punclut gunung. Piken naék ka Gunung Cikuray aya dua jalur. Kahiji ngaliwatan
perkebunan Dayeuhmanggung anu bisa ditempuh ti jalan raya Garut-Singaparna,
Tasikmalaya. Anu kadua bisa ditempuh ti perkebunan Giriawas, Cikajang.
e. Gunung Guntur
Tadi
geus nyaturkeun Cipanasna nu aya di suku Gunung Guntur, ayeuna giliran Gunung
Gunturna. Gunung Guntur nya éta salah sahiji gunung vulkanik nu masih aktif.
Luhurna 2.249 méter ti beungeut laut. Sok sanajan gunung vulkanik aktif, teu
saeutik jalma nu naraék ka punclut gunung nu padahal mah matak pibahayaeun.
Lantaran da lamun geus nepi ka punclutna mah pamandangan ka lebak téh éndah
pisan jeung matak hélok. Dayeuh Garut ngampar lir alketip.
f. Gunung Papandayan
Gunung
Papandayan salah sahiji gunung vulkanik ogé nu masih aktif di Garut. Ayana di
kiduleun Garut, anggang ti Kota Garut kurang leuwih 28 Km. Nu rék ngajarugjug
ka kawahna bisa ti dua jalur,, ti alun-alun Cisurupan atawa ti perkebunan
Cisaruni, Cikajang. Éta gunung luhurna téh 2.665 méter ti beungeut laut.
Kawahna kaitung lega aya kana 3 Km. jumlah kawah Papandayan téh aya 14 liang.
Unggal kawah ngaluarkeun rupa-rupa haseup nu béda-béda. Aya nu warna bodas aya
ogé nu warna emas. Ciri séjénna nya éta loba kapanggihna kembang édelwis (anaphalis javanica).
g. Kabuyutan Ciburuy
Ciburuy
téh ngaran kabuyutan anu aya di suku Gunung Cikuray. Perenahna di Désa
pamalayan, Kacamatan Cigedug Garut. 23 Km anggangna ti Kota Garut. Kabuyutan
Ciburuy ku para ahli dianggap tempat anu kacida pentingna. Alatan di dinya
kasimpen rupa-rupa titingal sajarah anu kapiara nepi ka ayeuna. Malah kiwari ku
Pamaréntah ditetepkeun jadi situs sajarah. Di éta kabuyutan téh aya nu disebut
imah adat Ciburuy, hateupna injuk, ngadeg dina lahan nu legana kurang leuwih
380 tumbak. Wangunana nenggang ti imah-imah biasana. Lian ti jangkung, gedé
deuih siga imah gadang nu aya di Minangkabau Sumatera Barat. Aya dua bagian
wangunan, kahiji disebut Bumi Patonan,
anu dipaké nyimpen barang-barang pusaka, diantarana keris, peso pangot, kujang,
trisula jeung sajabanna. Anu kadua nya éta Bumi
Padaleman anu kacida dikaramatkeunana, di dinya kasimpen kitab-kitab buhun
anu ditulis dina daun lontar jeung daun nimpah. Jumlahna teu kurang ti 750
lembar. Kitu gé geus teu weuteuh da anu 438 lembar mah geus raruksak jeung hésé
kabaca.
Ceuk
para ahli, Kabuyutan Ciburuy téh baheula mah mandala, atawa pusat kaagamaan anu
ditangtayungan ku Raja. Di dinya puseurna kagiatan inteléktual jaman harita.
Éta dibuktikeun lantaran ku ayana naskah-naskah Sunda buhun, diantarana naskah Amanat ti Galunggung jeung Sewaka Darma. Urang Kampung Ciburuy kacida tukuhna dina ngajaga éta
aturan.tur lamun aya upaca séba, sakabéh warga Ciburuy kudu hadir, boh nu araya
di lembur atawa nu keur ngalumbara. Sikep kitu téh katelah “tukuh Ciburuy”.
h. Kampung Dukuh
Kampung
Dukuh nya éta kampung adat tradisional Sunda, anu masarakat adat anu masih
nyekel pageuh kana warisan atawa titinggal karuhunna. Teu béda jeung masarakat
kampung Adat Baduy di Kanékés, Banten. Di Kampung Dukuh masarakatna dipahing
hirup méwah jeung royal. Anu matak di Kampung Dukuh mah tayya listrik, jeung
alat-alat éléktronik turta kamodérnisasian siga kiwari.
Kampung
Dukuh perenahna aya di Désa Cijambé kacamatan Cikelét, Garut. Anggangna
kira-kira 100 Km ti Kota Garut. Imah-imahna ngujur ngulon béda jeung imah-imah
masarakat kampung adat Baduy nu ngalér-ngidul. Hateupna injuk atawa eurih,
dibilik, sarta lanténa ku palupuh. Pangeusina teu meunang aya barang méwah.
Di
Kampung Dukuh aya nu disebut kasauran
karuhun anu geus turun-timurun, di dinya aya tilu pacaduan nya éta, kahiji pacaduan
kampung nu ngatur ngeunaan wangunan imah jeung eusina, kadua pacaduan makom nu ngatur tatacara ka
makom karomah, katilu pacaduan leuweung
nu ngatur tata cara miara leuweung di sabudeureun makom karomah (makam Séh Abdul Jalil karuhun urang Kampung
Dukuh).
i.
Kampung
Pulo
Hiji
deui kampung tradisional nu aya Garut nya éta Kampung Pulo nu perenahna ya di
hiji pulo di Situ Cangkuang. Ilaharna kampung tradisional masarakat Kampung
Pulo gé tuhu kana aturan anu geus diwariskeun turun-timurun ku karuhunna.
Karuhun masarakat Kampung Pulo nya éta Syéh Arif Muhammad. Ajeunna tokoh Islam
nu diutus ku Mataram nu gagal tugas nalika ngajorag VOC di Batavia, tuluy
aanjeunna teu balik deui ka Mataram, antukna anjeunna ngababak hiji pulo di
tengah-tengah Situ Cangkuang turta nyebarkeu Islam ka masarakat sabudeureun éta
situ. Anjeunna téh boga anak tujuh . genep awéwé jeung hiji lalaki. Tah, budak
awéwéna ditempakeun di genep imah nu nepi ka kiwari jumlahna hanteu nambahan
sarta dilengkepan ku hiji masjid nu ngalamabngkeun budak lalaki.wangun imahna
saragam nya éta imah panggung maké suhunan jolopong.
Di
éta kampung aya aturan nu teu meunang direumpak. Kahiji teu meunang jarah ka
makam Arif Muhammad dina poé Rebo. Kadua, jumlah KK teu meunang leuwih ti
genep, saumpama aya nu nikah kudu kaluar ti Kampung Pulo. Lamun aya pangeusi
kampung nu maot kudu diganti ku turunana nu awéwé. Katilu, teu meunang miara
ingon-ingon anu suku opat. Kaopat teu meunag nabeuh goong.
j.
Leuweung
Sancang
Perenahna
téh deukeut kebon karét Mira-Maré aya di Désa Maroko, Kacamatan Cibalong, Garut.
Lamun dijugjug ti Garut aya kana 118 km. Legana 2.175 ha. Loba dongéng nu
nyaritakeun Leuweung Sancang, pangpangna ngeunaan maung kajajadén anu ceuk
sakaol loba kapanggih di leuweung Sancang.
k. Ngamplang
Mun
ti Kota Garut nyawang ka béh kidul, bakal katangen aya pasir anu ponclotna siga
pikabeutaheun. Lantaran di dinya ngampar jukut héjo jeung siga aya saung
pangreureuhan. Éta téh daérah Ngamplang anu perenahna aya di Désa Ngamplang,
Kacamatan Cilawu, Garut. Ayana di jalan liliwatan Garut-Singaparna,
Tasikmalaya. Ti Kota Garut anggangna kira-kira 5 Km sarta bisa ditempuh ku kandaraan
kira-kira 15 menitan.
Legana
aya kana 26 Ha, umumna tegalan jukut héjo. Basa jaman Walanda kungsi aya Hotél
anu dihususkeun keur opsir-opsir Walanda, tapi kiwari mah ngan ukur
urut-urutna, alatan diancurkeun ku Jepang nalika ngjorag ka Garut.
Tapi
kiwari Ngemplang geus dijadikeun objék wisata lantaran geus diwangun deui
Hotél, lapangan gol kolam renang jeung lapang ténis, turta aya ogé arena laga
domba atawa sok disebut Arlamba. Di dinya sok ayakeun rupa-rupa atraksi wisata,
samodél pintonan kasenian jeung ngadu domba.
l.
Sayang
Heulang
Kabupatén
Garut téh diwengku ku daérah pagunungan, tapi ogé boga wewengkon basisir di
pakidulan. Éta basisir téh pahareup-hareup jeung Samudera Hindia téh alamna teu
éléh éndahna jeung daérah pagunungan. Diantara basisir di pakidulan, tempat nu
pangréana didatangan nya éta Sayang Heulang nu perenahna aya di Désa
Mancagahar, Kacamatan Pameungpeuk. Anggangna ti Kota Garut kira-kira 89 Km
turta bisa ditempuh ku kandaraan dina waktu 3 jam. Ruteuna : Garut –
Pameungpeuk – Mancagahar – Sayang Heulang.
Panjangna
éta basisir téh kira-kira 3,5 Km, jeung legana 10 Ha. Di sisi lautna réa kapanggih
tangkal pandan. Di éta basisir ogé disadiakeun
ruparupa sarana keur wisatawan. Kaéndahanna teu bisa diucapkeun
kekecapan.
m. Situ Bagentit
Salah
Sahiji objék wisata Garut nu geus aya di jaman Walanda kénéh Situ Bagendit.
Perenahna aya di Kacamatan Banyuresmi, Garut., sarta temoatna jadi liliwatan
kandaraan Garut-Leuwigoong-Limbangan nu kungsi jadi tempat pangulinan wisatawan
ti mamana. Kitu deui sasakalana, anu ngadongéngkeun kahirupan jeung kalakuan
Nyi Endit.
2.
Kasenian
Kasenian-kasenian nu
aya di tatar sunda kacida pisan réana, kitu ogé di Garut aya sabaraha kasenian
sunda anu kiwari masih dimumulé ku masarakatna diantarana:
a. Badéng
nu mangrupa kasenian buhun, nu dipaké ku para ulama baheula dinya nyebarkeun
ajaran Islam. Ieu kasenian bibit buitna ti Désa Sanding, Malangbong, Garut. Ieu
kasenian téh ngagabungkeung seni solawat jeung tatabeuhan tina awi, teu béda
jeung angklung. Ka béh dieunakeun éta kasenian téh hanteu ngan ukur dipirig ku
angklung, tapi ditambahan ogé ku waditra séjénna, nya éta, angklung leutik 2,
dogdog lojor 5, jeung angklung gedé 7 (ngawengku angklung indung, angklung
kenclung, jeung angklung kécér).
b. Lais nu
mangrupa kasenian anu mintonkeun kamonésan nu deukeut-deukeut kana akrobat dina
tambang. Dina prungna pagelaran Lais, dipasang dua tihang gombong nu jangkungna
13 m, nu ujungna dipentang tambang, jeung anggangna 6 m. kaayeunakeun mah
saméméh dihelargeun Lais, sok dipiheulakeun ibing penca jeung bodor réog.
c. Surak Ibra nu
mangrupa gabungan tina seni Badeng, ngadu lisung jeung surak. Pangna diaranan
Surak Ibra, alatan nu nyiptakeunna téh Pa Ibra, urang Kertajayaa, Cibatu,
Garut. Tapi kulantaran seni Badéng jeung ngadu lisung mah geus prah aya
dimamana, nya surakna nu dimekarkeun ku Pa Ibra. Anapon waditra anu dipakéna
ngawengku, dodog 4, kendang 2, jeung tarompét. Liana disadiakeun susuguh sapoé
saméméh pagelaran.
d. Batik Garutan mangrupa
seni rupa motif dina batik has Garut, warna batik garutan mah identic bulao,
konéng, jeung beureum. Ari otifna mah aya turih
oncom, merak ngibing, réréng apel, jeung kawung écé. Tapi ka béh dieunakeun réa nu dimodifikasi boh motif
jeung warnana nu antukna muncul moti anyar diantarana, réréng udang, patah tebu, réréng calung, barong kembang, sidomukti,
limar, cakra, réréng dokter, suliga, ayakan jeung angkin. Kiwari séntra batik garutan téh ayana di Jl. Papandayan,
Garut.
e. Jékét Kulit
magrupa seni karajinan nu jadi salah sahiji komoditi masarakat Garut. Kiwari
séntrana aya di Sukarégang, Garut Kota.
f. Sutra Alam mangrupa
kaén sutra nu dihasilkeun tina lamad nu dikaluarkeun ku hileud sutra. Daérang
anu dipaké miara hileud sutra nya éta aya di Bayongbong jeung Cikajang.
3.
Kulinér
Lamun
ngabahas ngeunaan kulinér nu aya di Garut, geus pasti nu bakal kasawang mimiti
téh nya éta dodol Garutna. Tapi salian ti éta aya ogé kulinér séjénna has garut
diantrana aya Endog Léwo mangrupa kadaharan nu dijeiun tina léwo nu wangunna
siga endog nu gedéna sagedé endog puyuh. Aya deui ngaranna Pindang Écot nu
mangrupa pindang lauk emas nu asalna ti Cidatar Kacamatan Cisurupan, Garut. Aya
ogé Sambel Biuk nya éta sambél nu asalna ti Cibiuk nu cenah loba béja sambelna
téh béda tinu séjén lantaran sakumaha ladana ogé éta sambel moal matak nyieun
nyeri beuteung.
4.
Batu
Ali Garut

Sabenerna
mah réa kénéh kamonésan nu aya Garut téh ngan aya nu geus kawéntar jeung aya
ogé nu masih nyamuni. Teu salah Garut katélah ku cacandran Garut Pangirutan, da
mémang Garut téh matak ngirut wisatawan sangkan datang ka Garut. Urang salaku
masarakat tatar Sunda kudu bisa ngajaga, ngariksa, jeung ngamekarkeun warisan
karuhun urang hususna kanggo masarakat Garutna sorangan, umumna keur urang
sadaya.
*) Mahasiswa Departemen
Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
Referensi:
·
Komunitas Sriganti Garut.2004.Ensiklopedi Alit Garut.Garut:Dinas
Pendidikan Kabupaten Garut
·
Rupa sumber séjén.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar