Turus Hima Pensatrada
Bakal
Aya nu anyar di Bulan Séptémber, Subbid Turus HIMA Pensatrada muka blog nu eusi
na rupa wangun karya sastra. Anapon naon waé nu bakal diposting nya éta:
1. Kala
warta nu eusina warta husus sabudeureun jawa barat-banten, umumna jembar
ngawengku warta dunia. Nu insya Allah diposting unggal poé.
2. Manggala
Sastra nu eusina Artikel jeung warta ngeunaan kasundaan, dipostingna unggal poé
senén.
3. Kuru
Sétra nu eusina téh éséy jeung kritik sastra, nu bakal diposting unggal poé
salasa.
4. Inohong
nu eusina biografi inohong-inohong Sunda, nu bakal diposting unggal poé rebo.
5. Lagu
Kapegung nu eusina sajak-sajak Sunda, sisndiran, tatarucingan, mantra,
guguritan, jeung haiku basa Sunda nu bakal diposting unggal poé kemis.
6. Panggung
Wayang nu eusina carita pondok jeung Sinopsis Novel, naskah drama, jeung Fiksi
mini basa sundanu bakal diposting unggal jumaah.
7. Tutungkusan
nu eusina artikel jeung feature ngeunaan budaya nu aya di tatar Sunda, nu bakal
diposting unggal poé saptu.
8. Tamba
Heuay nu eusina bobodoran, tatarucingan, jeung meme-meme lucu basa sunda, nu
bakal diposting unggal poé minggu.
9. Wara-wiri
nu eusina feature ngeunaan kamonésan kabupatén/kota di tatar Sunda (Jawa
Barat-Banten), nu bakal diposting unggal bulan.
10. Komik
nu eusina bacaan komik nu carita jieunan urang sunda turta maké basa sunda, nu
insya Allah diposting unggal bulan.
Kukituna
ka sadaya masarakat Sunda umumna, hususna nonoman Sunda hayu urang ronjatkeun
kasusastraan Sunda jeung kamonésan tatar Sunda. Hayu urang gawé bareng dina
nanjeurkeun kasundaan hususna dina widang sastra..
Bilih
aya nu bade ngintukeun karya-karyana tiasa dikintunkeun ka Alamat Redaksina Jl. Dr. Setiabudi no. 229 Gd. FPBS Lt. 2 Turus
Hima Pensatrada DPBD UPI Bandung 40154 atawa tiasa via e-mail kana turus.pensatrada@gmail.com
kalayan katangtuan:
- Dina kolom “Subjek” dieusian ngaran salah sahiji rubrik-rubrik anu diluhur.
Diantos
karya-karyana nyah…. Salam Turus (……………)
HURIP
SUNDA!!!!
SUNDA!!!
SUNDA SUNDA SUNDA JAYA
Tidak ada komentar:
Posting Komentar