TALAGA PANGANTÉN
Ku Prayoga
Adiwisastra
Handapeun langit peuting, katémbong dua rumaja keur diuk ngaréndéng, husu
ngaderes hartining jempling dina haténa sewang-séwang. Sedeng talaga, talaga nu
satia maturan hareupeunana, geus boga kayakinan yén Gusti geus ngirimkeun éta
dua insan pikeun dilenyepan ku dirina. Malah éta talaga ti béh ditu mula geus
pohara nganti-ngantina kana ieu kajadian. Ari itu beungeut cai talaga ukur wasa
némbongkeun riak-riakna, tangara milu nyaksi turta nengetan kana sagala usik
jeung malikna éta dua insan.
Geus sapoé duanana ngajanteng di sisi talaga. Baheula, waktu téh keur maranéhna
mah lain pikeun dipikasieun atawa dipiharep kadatanganana. Da keur maranéhna
mah lalampahan lilana waktu téh gumantung kana kumaha cara ngadongkanganana.
Maranéhna bisa laluasa ngalanglang ka mangsa iraha baé, ka jaman mana baé.
Maranéhna kari milih rék tanggal, bulan, jeung taun sabaraha pikeun poé kamari,
poé ayeuna sarta poé isuk. Bet ayeuna, waktu téh teu bina ti hinis nu nyérését,
nyebitan waruga jeung batin duanana.
Nu maké syal kayas katémbong
nangtung lalaunan. Éstu nangtung téh saenyana, taya ngaléngkah sapisan.
Paneuteupna museur kana talaga hareupeunana, kawas nu hayang neuleuman jerona
talaga jeung haté nu diuk katuhueunana. Sedeng nu diuk katuhueunana téa, nu
dijékét biru, sirahna tina tungkul lalaunan tanggah neuteup anteb ka nu maké
syal kayas. Duanana ngarasa bisa silih jugjugan haté ku kaayaan jempling kawas
peuting éta. Jempling nu lain ukur duméh taya sora ti alam sabudeureunana, tapi
jempling ku teu nyoarana lisan séwang-séwang.
Sabot kitu, paroman nu maké syal kayas robah meueusan. Kawas nu ngeueum sarébu
pananya.
"Kang, lalampahan balayar urang téh rék ka mana balabuhna? Geus lawas
léngkah urang leungiteun pangjugjugan. Kawas nu keur anteng balayar, tapi
saenyana mah katambias. Bet itu kalakay mah da geus puguh deui ka mana tujulna,
balabuhna hareupeun urang sanggeus cacap ngangkleung dina riak-riak talaga.
Balikanan urang, bet teu béda ti jalma nu kurang ingetan. Bongan Akang. Bongan
Akang nu ngayun-ngambing kayakinan. Ti mimiti tepung, taya reureuhna Akang
nyarita perkara mupusti asih. Enya. Ayeuna pikiran Akang enya-enya geus
heureut. Katompérnakeun, éta sora téh geus teu deui namper dina lelembutan. Tuda
geus jadi kacapangan, malah geus jadi harti dina réa buku, yén cinta téh
mumunggangna kaéndahan. Tapi naha hal nu hambar, malah peuheur balukar tina éta
cinta teu jadi harti jeung kacapangan?
Saenyana mah ieu waruga jeung batin téh geus leuseuh balas nunutur Akang. Awak
gé teuing ku lungsé, leuwih rampohpoy ti batan saméméhna. Meureun balas dalit
turta teu weléh satia ngukuntit. Lah, boa ieu léngkah téh teu bisa disebut
nunutur, da kapan nu dituturkeunana gé geus leungiteun udagan.”
Duanana taya nu ngedalkeun lisan. Tapi duanana bisa silih jugjugan eusining
haté séwang-séwang. Pon kitu deui itu talaga gé geus engeuheun kana kedaling
batin duanana. Tapi talaga teu wasa ngagareuwahkeun, turta teu bisa neguh kana
sagala hal nu bakal karandapan ku dirina katut éta dua insan. Éta kajadian di
sisi talaga téh lir paguneman batin nu teu reureuh gumuruh sajeroning jempling.
Nu maké syal kayas gék diuk deui. Manéhna geus saged keur nampa jawaban ti
lalaki nu diuk katuhueunana. Sedeng nu dijekét biru katangén obah diukna, teu
lila jung nangtung. Paromanna gé katémbong robah.
“Ditya, geuning anjeun teu baé nyarita? Geus lawas urang ukur diuk paréndéng.
Antukna mah paheneng-heneng baé. Tapi Akang geus bisa ngalelebah eusining haté
anjeun. Tangtu anjeun gé geus ngemu rébuan alesan pikeun anteng ngabigeu. Malah
kasimpé talaga hareupeun urang gé moal mapakan kasimpé diri anjeun.
Enya. Urang téh keur pada-pada nyanghareupan masalah. Masalah anjeun téh tangtu
sabab ngarasa diulinkeun ku Akang. Saenyana éta mah masalah nu dijieun-jieun ku
anjeun sorangan. Mun téa anjeun teu bisa ngungkulanana, keun sina éta masalah
nu ngaréngsékeun anjeun.
Sedeng masalah Akang sorangan, boa teu ieuh jadi pikiran keur anjeun mah. Da
masalah anjeun mah huluwotanana lain ti Akang. Ceuk tadi gé jolna ti pangrasa
jeung panyangka anjeun sorangan. Hartina, anjeun geus ceuceub ka diri anjeun
sorangan. Da nu dipiceuceub ku jalma nu keur mikangéwa mah taya lian ti dirina
sorangan. Jeung deuih taya gunana anjeun nyaho kana masalah Akang.”
Talaga beuki ngolotan baé. Rungkun jeung jujukutan beuki rembet na sapanjang
biwir talaga jeung haté éta dua insan. Malah nu katara beuki ngolotan téh lain
talaga baé, tapi waruga éta dua insan gé milu ngolotan. Katémbong huis geus
mimiti renung dina sirah duanana. Kawuwuh beungeut duanana katémbong beuki
haropak baé. Tapi talaga angger baé sabar nganti-nganti kajadian naon deui nu
bakal tumiba. Ku beuki ngolotanana umur, talaga beuki wijaksana. Talaga boga
pangrasa yén ngalap luang mah bisa ti mana baé tur ti saha baé, sok sanajan ti
manusa nu mindeng nyieun talajak culika.
Nu maké syal kayas dina paromanna katara aya rék nu dikedalkeun, tapi ayeuna
mah teu deui nangtung cara saméméhna. Boa balukar tina beuki ajurna awak.
Manéhna angger diuk kéncaeun beubeureuhna.
“Kang, saenyana ieu awak téh geus rangsak, tur ieu jajantung ketegna geus
mimiti ngirangan. Tapi kasatiaan lain perkara nu babari ditilarna. Pasini nu
lawas dicangreudkeun geus moal bisa diudar deui. Sabab Akang sorangan nu geus
maheutkeun pasini, yén moal lila deui gé urang bakal kakurung ku hukum, sah ku
nikah. Kitu pisan omongan Akang nu kungsi kapireng. Tapi bet ayeuna, sagala
pasini ngan kari kelemengna, taya buktina sapisan.
Cenah éta ieu diri ti tatadi ngaheneng baé, saenyana mah taya alesan nu
ngalantarankeunana, kawas Akang nu teu daék ngasongkeun alesan jeung sabab
pangna Akang teu baé balaka. Saenyana ku talajak Akang nu teu baé balaka, geus
jadi tangara yén dina diri Akang téh enya-enya aya masalah. Lain. Lain ieu diri
nu ngaréka-réka masalah. Atawa malah boa Akang sorangan nu nyieun éta masalah.
Mun téa mah disebut midua. Enya. Akang téh geus midua. Akang leuwih milih tur
mihéman kana mulasara masalah ti batan mulasara ieu haté. Sedeng ieu diri
tangtu bakal baruntak, moal ngantep kitu baé mun téa Akang enya-enya geus
midua. Ayeuna, leuwih hadé Akang balaka baé, saméméh ieu waruga beuki ajur ku
gangasna baruang hawa beurang jeung peuting. Taya hartina Akang hantem baé
nyidem tur ngagayem bangbaluh.”
Padungdengan di sisi talaga beuki ngaguruh baé. Éta dua insan silih
nganaha-naha kana sakur rusiah nu dikeueum ku béné-beureuhna. Langit luhureun
talaga ngirimkeun guludug nu teu reureuh tinggeleger, geusan méré tangara teu
panujuna langit kana réngkak reujeung ketak éta dua insan nu keur sumedeng
lewang luwang-liwung.
Teu béda jeung nu maké syal kayas, nu dijékét biru gé geus teu kaduga malik
najan ukur sausik. Da sagala usik geus diatur ku Gusti nu ngusik-malikkeun
usik. Da enya atuh, geus dua poé maranéhna ngajanteng di dinya téh. Katémbong
awakna mimiti ngageter. Keureutan beungeutna geus mirupa lalaki tengah tuwuh.
Keureutan beungeut nu kuduna lila kénéh mirupa ka manéhna.
“Mun awak anjeun geus karasa rangsak, satemenna awak Akang gé geus remek. Sok
sanajan kitu, Akang masih bisa neger-neger manéh. Akang cadu mun kudu
némbongkeun kateudaya hareupeun anjeun. Rumasa. Akang kungsi maheutkeun jangji.
Pasini nu ku anjeun teu bisa disebut pupulasan. Malah kapan nyabit-nyabit hukum
jeung nikah sagala. Tapi naon hartina éta pasini nu geus lawas dipaheutkeun,
mun ayeuna Akang sorangan geus jalir tina éta jangji? Sagalana geus kapalang,
Ditya. Akang geus katalanjuran ngalajur napsu. Sakali deui. Rumasa. Akang geus
aya pikir kadua leutik. Aya nu dianjing cai. Tapi lain aya pikir kadua leutik
cara biasana. Lain katarik birahi ka anjeun pikeun nu kadua kalina. Harita,
mangsa Akang ka imah anjeun cara sasarina, Akang bet aya jorojoy ka awéwé nu
harita datang nyuguhan ka rohangan tamu. Laju baé ditalék. Horéng éta awéwé téh
indung anjeun. Tapi bet keureutan beungeutna teu kawas indung. Taksiran mah
ngan sababaraha taun géséh umurna jeung anjeun. Éstuning kawas lanceuk anjeun
baé. Anjeun tangtu moal engeuh, sabab harita kapan anjeun kawasna keur anteng
dangdan kénéh di kamar. Ti harita, Akang jeung manéhna pupuasan nyeuseup
kareueut asmara, silih umbar héhégak napsu dina oléng lautan birahi. Bongan.
Bongan indung anjeun nu ngaladénan kahayang Akang. Jeung deuih bongan anjeun nu
hirup pinuh ku panyangka. Ayeuna, seug baé anjeun rék boga pikiran jeung ketak
naon baé kana lampah Akang. Da kapan sakumaha kahayang anjeun, Akang ayeuna
geus balaka kana saniskara lalakon nu geus disorang.”
Langit peuting luhureun talaga ngadadak tingkolényay, tingbarasat ku jorélatna
kilat. Guludug tinggeleger silih susul jeung tatit. Sorana mutuh wuwuh gumuruh,
handaruan. Ngeundeuk-ngeudeuk haté éta dua insan nu keur dirungrum liwung. Pon
kitu deui talaga hareupeun maranéhna gé bangun nu panujueun kana katugenah
langit. Tatit disina laluasa ngalangkang dina beungeut cai talaga nu keur
sumedeng peteng ku meredongna peuting.
Guludug jeung tatit di langit kawas nu méré tanaga ka nu maké syal kayas.
Jajantung manéhna ngadadak ratug satutas ngadéngé omongan beubeureuhna.
Ngaranjug lain meumeueusan, reuwas lain dikieuna. Tuda saha awéwéna nu ihlas
nampa talajak hianat kawas kitu peta. Mana komo ieu beubeureuhna katarik birahi
ka nu jadi indung sorangan.
“Kang, sukur Akang geus balaka kana sagala kalakuan hianat jeung culika Akang.
Tapi ieu haté tetep teu bisa babari nampa. Mun Akang geus ngarasa katalanjuran
ngalajur napsu birahi, ieu diri gé geus katalanjuran kahuru napsu. Akang tadi
geus nyarita yén ieu diri seug baé rék boga pikiran jeung ketak naon baé gé
kana lalampahan Akang. Heug, ayeuna éta omongan bakal dicumponan.”
Jung, éta nu maké syal kayas téh nangtung. Dak dumadak awakna karasa jagjag.
Teu deui rampohpoy cara saméméhna. Aya tanaga nu datangna tina kalara jeung
kapeurih. Pikiranana geus teu jejeg, liwung nu banget pohara. Koréléng leumpang
ka tebéh kénca, ka handapeun tangkal camara. Ari itu nu dijékét biru mah teu
engeuheun kana paniatan bébénéna. Manéhna ukur ngarérét sakeudeung, tuluy
ngeluk tungkul deui. Sedeng nu disyal kayas mah anteng neuteup ka lebah
handapeun tangkal camara. Kasampak dina taneuh aya kai ngagolér sagedé bitis,
nu mémang ti tatadi mula geus diniatan dina pikiranana éta kai téh rék dipaké
pikeun ngala pati beubeureuhna. Nya laju baé dicokot, dicekel ku dua leungeun
pageuh naker. Koréléng nu disyal kayas rerencepan ngeteyep ka tukangeun
beubeureuhna. Sanggeus nepi ka lebah tukangeunana pisan, teu antaparah, éta kai
téh diteunggeulkeun kana sirah beubeureuhna. Nenggel pisan kana sirah lebah
tukangna. Atuh nu dijékét biru tuluy rubuh niba kana taneuh. Awakna geus teu
usik teu malik. Ningali nu dibabuk geus teu walakaya, nu disyal kayas
gagancangan muru awak beubeureuhna, tuluy baé digusur ka sisi talaga, laju
disurungkeun kana cai talaga tepi ka titeuleumna.
Sanggeus sawatara lila, katingali awak beubeureuhna geus ngambang dina talaga.
Sajongjongan mah éta bugang beubeureuhna téh hantem diteuteup. Anteb.
“Kang, ku cara kieu haté téh bisa lipur deui. Ayeuna ieu diri teu deui kahuru
ku napsu. Ieu haté geus tingtrim. Leuwih hadé Akang nemahan pati ti batan nu
jadi indung miheulaan nyeuseup giungna buah gandrung. Ayeuna urang bisa laluasa
panganténan, Kang! Urang moal deui kaganggu ku indung. Urang sakeudeung deui
bakal dirapalan, Kang!”
***
Mangle
No. 2391
Tidak ada komentar:
Posting Komentar