Jarapah
Ku Iman Nurdin
Kacaritakeun
di alam baheula saméméh ayana manusa, horéng jarapah jeung gajah mah geus hirup
babarengan. Nanging hirupna téh teu akur papadana. Anu jadi cukang lantarana
mah sakadang gajah téh sok moyokan waé sakadang jarapah anu pendék. Da baheula
mah suku jeung beuheung jarapah téh teu cara ayeuna.
Basa
sakadang jarapah keur ngadaharan jambu aér karesepna anu ragragan tina tangkal,
sakadang gajah laju datang nyampeurkeun. Moyokan sakadang jarapah
sateker-kebek.
“Dasar
pendék. Ngadaharan jambu aér meunang mulung. Kotor deuleu! Jaba nu di handap
mah geus galenjur. Yeuh jiga déwék atuh ngala langsung tina tangkalna.”
Sakadang
gajah ngala jambu aér tina tangkalna langsung maké tulaléna anu panjang.
Makmak-mekmek teu maliré sakadang jarapah anu keur sedih naker pédah disebut
pendék. Sakadang jarapah ngan bisa tungkul teu bisa pepeta. Kalah ngaléos teu
puguh anu dijugjugna.
Teu
karasa geuning sakadang jarapah téh leumpangna geus jauh. Malah mah manéhna ogé
teu apal ayeuna téh keur aya dimana. Inget sotéh kagareuwahkeun ku sora
beuteungna anu disada lantaran peurih nahan lapar.
Di
satengahing lalampahanana, sakadang jarapah manggih tangkal jambu aér
karesepna. Jaba keur meneran buahan leubeut pisan. Tapi geuning tangkalna téh
mani laér naker. Mulungan anu ragragan, da galenjur naker jeung deuih geus rék
baruruk. Nya tuntungna mah tangkal anu sakitu laérna téh diajrugan
terus-terusan.
Bari
nahan lapar, jambu aér nu ngagalolér didaharan bari teu weléh angger ngajrugan
tangkalna. Unggal poé sakadang jarapah hantem wé ngajrugan tangkal jambu aér.
Nepi ka teu karasa, kikituana téh geus aya kana dua bulanna. Nepi ka jambu aér
anu laér tangkalna ogé bisa kaala buahna. Sakadang jarapah ogé reuwas
kareureuhnakeun basa nempo awakna sorangan. Suku ngajangkungan. Beuheung milu
manjangan.
Ayeuna
mah euweuh deui nu bisa moyokan manéhna pendék. Da geuning tangkal anu sakumaha
laérna gé bisa katepi. Bungbuahan anu aya ditempatna ayeuna, sakumaha laérna gé
bisa kaala.
Tapi
ninggang hiji mangsa, bungbuahan nu aya di tempatna ayeuna téh geus béak euweuh
nyésa hiji-hiji acan. Sakadang jarapah téh jadi bingung ku dua ku tilu. Jol wé
aya kereteg hayang titirah. Nya teu burung laksana, indit wé.
Barang
nepi ka tempat asalna baheula, sakadang gajah langsung nyérénténg. Rék ngadu
jajatén sigana mah.
“Manéh
saha? Wani-wani ngadeukeutan lemah cai aing!” Ceuk sakadang gajah bari
ngacung-ngacungkeun tulalé jeung gadingna.
“Kéla
sakadang gajah! Ieu kuring sakadang jarapah, maenya tos teu émut?”
“Bohong
siah manéh! Sakadang jarapah mah sukuna teu jangkung jeung beuheungna ogé
henteu panjang cara manéh. Ngaku siah manéh téh saha?”
“Ieu
kuring jarapah.”
Laju
sakadang jarapah nyaritakeun lalampahanana harita nepi ka awakna bisa nepi ka
siga ayeuna. Dikitukeun mah sakadang gajah téh teu loba cacarita deui. Ngeluk
waé nu aya mah da kaéraan téa siga bueuk meunang mabuk.
“Keun
waé ayeuna mah sakadang gajah, tong teuing jadi pikiran!”
“Tobat
sakadang jarapah, tobaaat. Moal deui-deui moyokan anjeun. Ayeuna anjeun
jangkungna geus ngaliwatan kuring. Hampura kuring sakadang jarapah,
hampuraaaa.”
“Nya
keun waé anu geus kaliwat mah tong teuing jadi pikiran. Ayeuna mah urang
babarengan pikiran, kalakuan kitu téh ulah nepi ka kajadian deui.”
Dikitukeun
mah sakadang gajah téh répéh. Ayeuna mah lamun aya anu manggih kadaharan téh
tara didahar sosoranganan, éstu babarengan waé. Lamun aya bungbuahan anu laér
tangkalna, sakadang jarapah anu ngalana. Lamun bungbuahanana hésé dibuka da
teuas cangkangna, sakadang gajah anu meulahna. Pacogrégan anu kungsi kaalaman
baheula, ayeuna geus tara kajadian deui. Sakadang jarapah jeung sakadang gajah
hirupna éstu babarengan runtut-raut sauyunan.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar