BABALIK PIKIR
Ku
Prayoga Adiwisastra
Handapeun iuh-iuh tangkal kérsen nu keur sumedeng
baruahan, Bah Amin diuk nyanghunjar bari teu weléh gegeber ku dudukuy samakna,
tuda poé keur meujeuhna panas mentrang-mentring. Di dinya, manéhna ngadon
reureuh sanggeus nanggung sampeu ti kebonna. Katémbong késang ngagarajag dina
kulitna nu geus paréot, urat-urat leungeunna katingali mani raranteng.
Gigireunana katémbong aya rancatan disarandékeun kana tangkal kérsen, carangka
dua siki nu metet ku sampeu, sarta salang nu disina ngagapuy kana taneuh.
“Mana teuing bakal mucekilna peuyeum téh, sampeuna
gé mani loba ayeuna mah,” ceuk Bah Amin bari pinuh ku pangharepan.
Keur kitu, ngadadak ku Bah Amin kadéngé sora tan
katingalan, kawas paguneman nu teu katingali jirimna. Sanggeus hantem dilieukan
dilelekan, horéng éta sora téh bijilna ti rancatan, salang, carangka, jeung
sampeu gigireunana.
“Aéh, geuning nu bieu nyoara téh aranjeun opatan!”
ceuk Bah Amin.
“Bener, nya kuring pisan,” ceuk rancatan, salang,
carangka, jeung sampeu mani rampak.
“Naha naon nu ku aranjeun tadi diobrolkeun téh?” Bah
Amin panasaran pisan.
“Hih, tangtuna gé ngalibetkeun anjeun,” rancatan
mangnémbalankeun nu séjénna. “Kieu sabenerna, kapan urang téh geus lila pisan
babarengan, lain?”
“Teu salah deui, aranjeun geus satia mantuan kuring
nanggung sampeu sakitu lilana. Palebah dieu, kuring nganuhunkeun pisan,”
“Keun sual éta, ayeuna mah kuring hayang nepikeun
katugenah nu salila ieu ukur disidem digayem dina kereteg jeung angen-angen,”
ceuk rancatan deui.
“Heug, pok geura caritakeun hiji-hiji!”
“Sabenerna awak kuring téh mindeng karasa cangkeul
jeung nyeri alatan unggal poé dipaké muntang ku salang jeung carangka, tur
momot carangka téh aya di tengah awak kuring nu tuluy ditanggung kana taktak
anjeun. Ku kituna, ti semet ayeuna kuring ménta eureun tina nanggung carangka,
jeung sampeu.” ceuk rancatan daria pisan.
“Geus kaharti omongan anjeun, rancatan. Ayeuna
kuring hayang ngadéngé ti anjeun, salang!” ceuk Bah Amin ka salang nu ngagapuy
kénéh kana taneuh.
“Teu jauh béda, kuring gé remen ngarasa nyeri awak,
da unggal poé dipanteng dibatek keur nanggung carangka jeung sampeu. Cara
rancatan baé, kuring ménta eureun nanggung carangka, jeung sampeu.” ceuk
salang.
“Kaharti pisan, salang,” ceuk Bah Amin bari unggut-unggutan.
“Ayeuna bagéan anjeun, carangka!”
“Kuring ménta eureun tina dieusian ku sampeu.
Cindekna mah mundur tina digawé jeung anjeun. Marukan teu cangkeul jeung beurat
kitu awak kuring dieusian ku sampeu tepi ka mucung? Jaba bari gugulayunan
dikaitkeun kana salang!” omong carangka.
“Ngan sakitu baé, carangka?” Bah Amin nalék.
“Saheulaanan mah cukup.” témbal carangka
“Panungtung, bagéan anjeun nu nyarita, sampeu!” ceuk
Bah Amin ka sampeu nu patétéép dina carangka.
“Anjeun mah moal ngarasakeun kumaha ripuhna kuring
patutumpuk dina carangka, komo deui nu panghandapna mah. Katambah kuring geus
ngimpleng bakal pohara nyerina kulit kuring dipesék disisit, tuluy dikumbah,
diseupan, dipurulukan ragi, tepi ka didahar ku manusa cara babaturan kuring.
Ayeuna kénéh kuring ménta mundur tina digawé jeung anjeun. Kitu lain,
dulur-dulur?” ceuk salasahiji sampeu nu pangkolotna.
“Bener, bener, bener!” ceuk sampeu nu séjénna mani
sahéng.
“Aranjeun opatan geus pada-pada kabagéan nyarita.
Ayeuna kari kuring nu nyarita, lain?” ceuk Bah Amin.
“Nya kitu pisan,” ceuk rancatan.
“Aranjeun opatan sarua pada-pada geus ngedalkeun
katugenah alatan capé dibawa nanggung sampeu jeung kuring. Heug, paménta
aranjeun opatan ku kuring bakal ditedunan. Tapi saméméh kitu aya saratna,”
“Naon saratna?” ceuk salasahiji sampeu giak pisan.
“Saratna, kuring ménta aranjeun pikeun nu pamungkas
mantuan kuring nanggung sampeu ka imah Cép Adun. Kumaha kira-kirana?”
Rancatan, salang, carangka, jeung sampeu kadéngé
patingkecewis ngabadamikeun. Teu lila pok sampeu nu pangkolotna nyarita.
“Heug atuh, ngan kahadé anjeun ulah jalir kana
jangji.”
“Sing percaya, moal jalir kuring mah.”
Gap Bah Amin kana rancatan, tuluy salang hiji-hiji
dikaitkeun kana tungtung rancatan hareup jeung tukang. Tuluy rancatan téh ditanggung.
Leumpangna rumanggieung bari nanggung sampeu téh, da puguh geus sakitu
kakolotanana.
Barang
nepi ka imah Cép Adun, kasampak aya keur ngabaheuhay dina korsi di tepas.
Sanggeus Bah Amin sidik éta téh Cép Adun, cag baé tanggunganana diécagkeun.
“Punten!” ceuk Bah Amin rada bedas.
“Mangga,” témbal Cép Adun bari nyampeurkeun. “Aya
naon, Bah?” omong Cép Adun deui.
“Abah téh hoyong karaosan sampeu ku Cép Adun. Tah,
ieu sampeuna dua carangka,”
“Ah, keur naon? Da teu beuki kuring mah. Dina ku
kuring dijualna gé iraha teuing sampeu hargana mahal?” témbal Cép Adun bari
nyeuneu. “Mending gé piceun baé ka walungan jeung tanggunganna, da euweuh
gunana!”
Rét Bah Amin kana tanggungan sampeu. Katémbong
rancatan, salang, carangka, jeung sampeu pohara ambekeunana ka Cép Adun, tepi
ka tanggungan sampeu téh oyag, méh baé sampeu nu dua carangka téh bahé. Ngan
hadéna sampeu nu pangkolotna nyarita ka Bah Amin kalawan titih-rintih.
“Hampura kuring jeung nu séjénna. Geuning leuwih
peurih karasana disapirakeun ku batur batan nyareri awak balas mantuan anjeun.
Leuwih hadé hirup aya mangpaatna keur batur najan capé jeung peurih gé. Ti
semet ayeuna, kuring, carangka, salang, jeung rancatan jangji moal rék eureun
kumawula ka anjeun.”
Paroman Bah Amin katingali marahmay, tuluy imut ngagelenyu,
leleb pisan.
***
Plered,
2012
Mangle
No. 2368
Tidak ada komentar:
Posting Komentar