Sisindiran



Paparikan
Hayu urang palistiran
Palistiran jeung nyi randa
Hayu urang sisindiran
Sisindiran basa Sunda

Si Ayang ulin ka Toga
Meuli uyah di Cikupa
Lamun hayang asup surga
Kudu nyaah indung bapa

Dahar jéngkol jeung téh lilis
Bari nyoo cai kiruh
Getol maca tigin nulis
Sangkan jembar pangaweruh

Rarakitan
Lamun leumpang ka cileunca
Bakal manggih cai kiruh
Lamun urang getol maca
Bakal jembar pangaweruh

Kudu jadi jeung si Opik
Sangkan jauh ti kasakit
Kudu jadi jalma apik
Sangkan jauh ti panyakit

Hayang pisan bobodasna
Tapi teu bisa mesekna
Hayang pisan ka manehna
Tapi teu bisa ngomongna

Wawangsalan
Kertas bodas ditulisan,
Kitek beureum dina kuku.
(Buku)

Bungkus awak tina kaen,
Mobil mogok teu bisa maju.
(Baju)