R.A Lasminingrat Wanoja Inteléktual Munggaran di Indonesia




Ku Lita Utami
          R.A Lasminingrat atawa katelahna Radén Ayu Lasminingrat mangrupa wanoja inteléktual munggaran di Indonesia. Anjeunna lahir di Garut taun 1843,  mangrupa puteri ti saurang Bupati Garut nya éta R.H Muhamad Musa. Ieu wanoja miboga jasa sarupana Radén Dewi Sartika minangka pionir dunya atikan di Indonesia. Lian ti éta, ieu wanoja ogé geus bisa nerjemahkeun jeung medal buku-buku anu dijadikeun buku bacaan wajib nalika anjeunna sakola.
            Nalika keur leutik, Lasminingrat kudu pisah jeung kulawargana ka Sumedang lantaran méh bisa mandiri, bisa diajar maca, nulis, sarta diajar basa Walanda.  Teu sorangan di Sumedangna ogé, anjeunna diasuh ku urang Walanda anu dimana masih babaturan bapana kénéh. Alhasil, tina diajar anu sakitu lilana téh anjeunna bisa nulis jeung ngaluarkeun karya-karya anu ditujukeun pikeun budak sakola. Diajar basa Walanda, anjeunna bisa cumarita make basa Walanda kalayan béntés.
Karya-karya anu tos medal diantarana nya éta buku Carita Eman taun 1875 anu mangrupa tarjamahan ti buku karya Christoph von Schmid. Taun 1876 medal Warnasari atawa Roepa-roepa Dongeng Jilid I dina aksara Jawa.
            Bakat R.A Lasminingrat dina ngarang mangrupa warisan ti bapana salaku sastrawan sunda anu kawéntar, anu ngahirupkeun deui basa Sunda di tatar sunda, kaasup warisan bakatna diturunkeun ka Radén Kartawinata jeung Radén Ayu Lenggang Kencana. Peran R.A Lasminingrat dibuktikeun ku didirikeunna sakola Kautamaan Istri taun 1907.
            Ku kituna ieu wanoja katelahna minangka Wanoja Inteléktual Munggaran di Indonesia, lantaran pikirana anu kritis sarta modernna ngaleuwihan batan ti jamanna.

Sumber : http://www.inilahgarut.com/tokoh-garut/sejarah-singkat-dan-biografi-ra-
                lasminingrat.html
                https://andirustandisunarya.wordpress.com/2014/02/10/r-a-lasminingrat/