SURAT SAGARA
Karya
Ari Andriansyah
-Surat lawas keur Acéh-
Ka mana deui léngkah
téh tujulna?
Lana temen raga
kapahung leungiteun usum jeung halimun
Sabada lambak
ngaremkeun raranggkang sarakan
Malidkeun purnama jeung
matapoé
Di
dieu, di lebah lilindu hahangit langit
Saban
raga teu reureuh nyusud windu-windu nu lawas kakubur
Ti
bugang ka bugang, rarangsak rasa, bangkarak harepan
Katut
réwuan aweuhan jerit nu kakubur sarah cimata
Lunta deui, saban raga
rumanggieung
Mapay-mapay gurat-gurit
basisir takdir
Tapi ramo-ramo wanci
teu kasampak dina kikisik
Di
dieu, di lebah hahangru raraheut méga
Nu
kasawang ukur sagara gudawang sapanjang hégak balébat
Boa
langgeng ieu liwung laguning pati
Ngajemplang
ti rarambu gunung ka tungtung tanjung
Lunta deui, saban raga
jumarigjeug
Nyuay-nyuay babatang
demi babatang
Tapi kalangkang bet nungtut
ngeprul tina ringkangna
Ka
mana deui léngkah téh paratna?
Lana
temen raga katalimbeng meredong mongkléng
Boa
di dieu saban raga istirah jeung tetengger ombak
Nguyup
getih tina bugang séwang-séwang
Banjaran,
2007
Tidak ada komentar:
Posting Komentar