DI BALONG ISOLA
Karya Lugiena De
Ngeunteung
na beungeut cai
Kajeueung
deui mangpirang ceda bihari
Jeung
saniskara tatu nu hamo walagri
Rupa
beungeut angger raca
Najan
rasa nu kungsi balitunganana
Na beungeut cai néang tangtungan
Bet raga badag nu angger ngalangkangan
Jeung ledrekna raratan sorangan
Sedeng satukangeun ulat cai nu ayem
Weléh teu kaimpleng naon anu disidem
2007
Tidak ada komentar:
Posting Komentar