Sanggeus Lunta
Karya Prayoga Adiwisastra
Anjeun
nu gugup ngaranggeum bulan plastik.
Bet
sungkan deui icikibung, pagilinggisik.
Sanggeus diri lunta nyampurnakeun nasib.
Kalah jauh kalebuh na sagara getih.
Batan
tangtungan tingbeletuk dirérab beurang.
Anjeun
kebat ngiuhan handapeun jambatan.
2012
Mangle No. 2376
Tidak ada komentar:
Posting Komentar