Sajak Tukang Dagang
Karya
: Deri Hudaya
Hiji jalma maké papakéan
ruwak-rawék
Lumpat tibabaranting.
Manéhna nyorowok
Mapakan gerungna
mesin-mesin citakan duit:
“Gera beuli dagangan
kuring.
Baju
hideung, calana hideung, sarta payung hideung.
Pangéran
geus maot tadi peuting. Nalika bulan keur
Meujeuhna
molotot. Gera beuli dagangan kuring!
Naha
moal nyekar?”
Manéhna ngiles tina
tungtung teuteupan,
Nyorang pudunan. Nuju
lemah pajaratan.
Galura,
1 Mei 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar