Nu Harayang Dihargaan, Nu Darpan Ariawinangun

Ku Hernisa Agustiani Nugraha

Nu Harayang Dihargaan nya éta carpon karangan Kang Darpan Ariawinangun. Nu kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé1 dina taun 1998.
Carpon ieu nyaritakeun patepungna dua lalakon utama nya éta Kardi jeung Ikah dina kayaan nu matak kentel ku amarah. Dina hiji peuting, keur aya kariyaan Dombrét. Domrét téh mangrupa salasahiji kasenian nu biasana aya di wewengkon pasisian. Dombrét biasana diayakeun dina usum panén hasil laut, pikeun hiburan para pamayang nu tas capé ngalaut.
Dicaritakeun Kardi nepungan Ikah nu keur ngadombrét bari napsu, siga hayang ngabudalkeun kaambekna. Sabada Ikah kaluar ti kalang tuluy dangdan deui, datang Kardi noél Ikah ti tukang. Paroman Ikah ngadak-ngadak béda, ngagambarkeun kaceuceub ka nu noél tadi. Ti kariyaan, Ikah dibawa ka tempat nu rada singkur tur poék. Didinya duanana pada-pada ngabudalkeun kaambekna séwang-séwangan.
Perkarana nya éta Kardi nu hayang midingan kahormatan kulawargana, éraeun pédah kalakuan Ikah nu ngalampahkeun hal nirca, kucara ngadombrét kateumbleuhkeun ka kulawargana haji Somad, bapana Kardi. Ikah nu ngarasa geus seubeuh ku panghinaan batur komo ku Kardi, urut salakina mah ngarasa teu salah rék ngadombrét di lembur éta ogé. Sabab manéhna teu wasa balik deui ka lemburna sorangan, pédah baheula ogé Kardi meunangkeun Ikah téh kucara nu matak wiring kolotna Ikah.
Ditempat éta kardi jeung Ikah pada-pada ngagorowokeun eusi haténa nu harayang dihargaan. Kardi hayang kulawargana dihargaan batur, kitu ogé Ikah nu hayang hirupna dihargaan batur najan ceuk manéhna mah kajeun dihargaan saharga runtah di jarian ogé. Dina tungtung caritana di gambarkeun yén nalika Ikah balik deui ka tempat ngadombrét, beungeutna geus barengep. Teu nolih sabudeureunna, Ikah laju beuki mijah ngadombrétna nepi ka ngarampayak, ngagubrag kapaéhan.
Tah kitu meureun gurat badagna eusi carpon Nu Hayang Dihargaan téh. Saupama disawang mah sigana ieu carpon téh midangkeun téma sosial, nya éta rasa hayang dihargaan ku batur. Nitenan pawatekan tokoh-tokohna, écés yén sakabéh  palaku boga watek hayang ngeunah sorangan, teu mikiran batur kumaha. Kardi nu keukeuh hayang kulawargana dihargaan, teu paduli ka Ikah nu ogé hayang dihargaan. Kitu deui Ikah, Pa Haji Somad, atawa si Abang bos dombrét pada-pada mentingkeun kahayangna sewang-sewangan. Bisa katitén dina sempalan ieu, 1Hadiah nu dibikeun ka jalma-jalma nu dianggap mere jasa pikeun kamekaran Basa jeung Sastra Sunda. Hadiah ieu dihadiahkeun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé nu diadegkeun Ku Ajip Rosidi, Erry Riyana Harjapamekas, Edi S. Ekajati, jeung inohong lainna.
“cing atuh rék ngadombrét mah ulah di lembur ieu. Di lembur sia kéh di ditu! Ngéra-ngéra baé kulawarga aing.” Ceuk Kardi bari tutunjuk.
Atawa sempalan-sempalan nu ieu,
“… ingetkeun ku sia, Si Ikah ayeuna mah moal rék ngadéngé omongan batur! Aing geus teu sudi dijejeléh. Hirup aing seubeuh teuing dihina ku batur. Aing ogé boga harga kénéh deuleu, najan harga aing ukur saharga runtah dina jarian…”
“gelis balik maning ya. Aja gawé melang inyong!” (si Abang bos dombrét)
            Salian tina pawatekanana, ogé tina setting ieu carpon katitén écés yén ieu téh nyaritakeun kahirupan urang pasisian nu pakasabana rata-rata jadi pamayang. Lian ti éta ogé dina carpon ieu bisa méré kaweruh ka nu maca yén tradisi dombrét téh diayakeunna tipeuting. Sabada nitenan perkara-perkara diluhur, komo bari urang ngarti kana jalan carita nu digambarkeun ku pangarang, urang bisa metik amanahna nya éta saacan urang ménta pangharga ti batur urang ogé kudu bisa ngahargaaan heula ka batur.
Kasang tukang pangarang ogé mangaruhan kana ieu carpon nya éta tina jihat idé carita ogé tina jihat gaya basa. Ide carita nu ngangkat kahirupan dombrét, luyu jeung kasang tukang asal wewengkon pangarang nya éta di Sungaiula, Cibuaya, Karawang Beulah kalér. Anu nurutkeun kaayaan géografis mah, émang mangrupa tempat nu cocog ayana kasenian dombrét.  Ogé tina gaya basana anu teu lumrah jeung karya sastra pangarang séjén, nuduhkeun yén Kang Darpan miboga gaya has anu mandiri nya éta réana basa wewengkon dina ieu carpon.
Gaya basana nu samodél kieu nu ngalantarankeun, carpon “Nu Harayang DIhargaan” karangan Darpan Ariawinangun ieu dilélér Hadiah Sastra Rancagé. Dianggap punjul sabab carponna nuduhkeun cirri mandiri dina basana. Mandiri didideu nya éta gaya hasna Kang Darpan nu make basa teu saluyu jeung kabiasaan masarakat anu sopan. Hal ieu moal ahéng saupama urang nyawang deui karya sastra nu gelar dijaman harita. Karya nu gumelar di alam harita nya éta karya anu basana lemes tur sopan ogé leuwih nonjolkeun hal-hal kaéndahan. Nalika ieu carpon dipidangkeun ka masarakat, sigana ieu carpon téh bisa méré hawa nu béda. Hawa nu matak soak, tapi ogé matak resep macana. Tapi enya ogé kitu, lain hartina Kang Darpan salasahiji pangarang anu babasaanna goréng. Buktina ka-hasanna dina nulis carponna beuki ngeyeuban deui warna lokal dina sastra Sunda.
Tehnik midangkeun jalanna carita ogé matak jadi hal anu nyieun kapunjulan dina ieu carpon. Konflik nu diwangun ampir disagemblengna carita dina ieu carpon anu satuluyna dipungkas ku ahir nu matak ngajawab kapanasaran nu maca. Kusabab konflikna geus dipidangkeun ti mimiti kénéh, nu maca jadi leuwih kabawa émosi dina caritana. Tapi sabada ninggalkeun paragrap anu midangkeun konflik éta, nu maca siga nu dibéré kapanasaran kana patalékan ‘kumaha tungtungna, naha tuluy gelut atawa henteu? ‘ jeung ‘kumaha satuluyna nasib Ikah jeung Kardi?’. Patalékan-patalékan éta bisa kajawab dina pungkasan carita carpon ieu. Tehnik samodél kieu nurutkeun kuring mah, tehnik anu  mere kejutan.
Tangtuna waé salian ti euyeubna paktor nu nyababkeun kaonjoyan ieu carpon, aya perkara anu saeutik jadi kahéngkéran dina ieu carpon. Gaya basa anu ‘kasar’, nu ngajadikeun carpon ieu punjul ogé matak bisa jadi kahéngkéranna. Sabab teu bisa dihenteu-henteu yén warna anyar dina basana ieu nyababkeun nu maca jadi loba kerung. Hal ieu bisa waé ngurangan saeutik kani’matan dina maca carpon ieu.
Jadi intina ieu carpon téh émang pantes meunangkeun Hadiah Sastra Rancagé sabab réa punjulna komo dina basana anu méré warna anyar dina euyeubna Sastra Sunda. Tapi ogé hal ieu matak jadi batu nu ngahalangan pikeun nu maca, komo lamun nu macana teu boga pangalaman maca nu cukup.
Didugikeun dina sawala mingguan Turus 2012
Read More

Garut Pangirutan


Ku : Muhamad Kusaéri*
 
Garut Kota Intan, salah sahiji wewengkon nu aya di tatar sunda nu ngabogaan sajarah anu kalintang panjangna jeung rupa-rupa kamonésanana. Lumrahana kota titinggal jaman baheula, Garut gé ngabogaan alun-alun. Alunna mah teu béda jeung kota-kota séjén ngawengku wangunan Masjid (baheula mah sok disebut bale nyungcung), pendopo, jeung babancong, pangbérokan atawa penjara, sarta pasar. Ari sisina mah dikuriling ku jalan.
Garut katelah ku Domba aduna anu béda ti domba séjén. Tapi salian ti éta ogé Garut ngabogaan rupa-rupa kamonésan nu séjénna, ngawengku objék wisata, kasenian, kulinér, jeung nu panganyarna nu kiwari jadi réa jalma néangan téh nya éta batu ali asli Garut.
1.      Objék wisata
Garut ngabogaan sababaraha objék wisata anu bisa dijadikeun destinasi nalika ulin ka Garut. Anapon sababaraha objék wisatana nya éta:
a.      Candi Cangkuang


Candi Cangkuang téh perenahna di Situ Cangkuang, Kecamatan Lélés Garut. Ukuranna mémang kawilang leutik mun dibandingkeun jeung jeung candi-candi séjénna. Legana 4,5 x 4,5 méter,, sarta jangkungna 8,5 méter. Di jerona aya rohangan leutik anu legana ngan 1,,5 x 1,5 méter pasagi sarta jangkuna 2 méter. Di éta rohangan aya patung Syiwa anu jangkuna 40 cm. Nurutkeun sawaréh ahli sajarah, ieu candi téh titinggal abad ka-8, nya éta jaman Raja Sanjaya, jaman Hindu. Nepi ka awal taun1960-an mah, éta candi ngan kapanggih ruruntukna. Dina tanggal 9 Désémber 1966, éta candi ditalungtik ku Drs. Uka Tjandrasasmita, sabada anjeuna maca buku Notulén Bataviaagenootchap nu ditulis ku Voderman, bangsa walanda dina taun 1893. Panalungtikan dituluykeun taun 1967-1968 nu balukarna éta candi dirékontruksi dumansar kana pola batu anu patingsoléngkrah. Antukna ngadeg Candi Cangkuang siga ayeuna. Sok sanajan éta pembangunan éta candi téh dianggap kontrovérsial, alatan sawaréh batuna diganti ku batu nu alanyar.
b.      Cipanas

Réa wewengkon nu maké ngaran Cipanas téh, tur umumna lantran kawéntar ay acai panasna. Kitu deui Cipanas Garut, nu perenahna aya di kaléreun Kota Garut, ti kota téh anggangna ukur 6 Km. Luyu jeung ngaranna, di Cipanas téh aya cinyusu anu caina panas, turta panasna téh bisa nepi ka 49°C. éta caina téh ngocor ti Gunung Gunturanu nepi ka kiwari masih aktif. Ilaharna wisata cai panas mah biasana sok diparaké ngareueum, ngojay, atawa mandi. Da cenah cai panas téh bisa dipaké ubar keur panyakit kulit.
Kaéndahan Cipanas geus katelah ti awal abad ka-20 kénéh, dina jaman Mooi Garut, nepi ka disebut Swiss van Java. Malah mah ceuk béja Charlie Chaplin, béntang film Hollywood kungsi ngahajakeun pelesir ka Cipanas.
c.       Curug Orok

Perenahna aya di Désa Cikandang, Kecamatan Cikajang, Garut. Ujaring carita naha bet diaranan Curug Orok téh, alatan baheula di éta curug téh kapanggih orok anu dipiceun ku kolotna. Ti harita nepi ka ayeuna éta curug téh kaletah Curug Orok. Baheula mah éta curug téh langka jalma nu daék ulin ka dinya, lantaran ceuk béja mah baheula mah angker jeung loba jurigna. Teu saeutikulin ka dinya téh kasuruoan teu puguh. Tapi éta mah carita baheula, ayeuna éta curug téh jadi salah sahiji objék wisata anu réa didatangan ku wisatawan.

d.      Gunung Cikuray
Gunung Cikuray téh gunung nu pangluhurna di Garut. Luhurna kurang leuwih 2.821 méter ti beungeut laut. Lantaran pangluhurna éta gunung téh babari katangénna, ngajegir di kiduleun Kota Garut. Di sagédéngeun éta, Gunung Cikuray jadi lambing kabeuharan alam Kota Garut. Ceuk para ahli, baheula mah éta gunung téh dingaranan Srimanganti. Lempingna sok dijadikeun mandala, anu dipaké rupaning élmu ku para pandita. Éta mandala téh dingaranan Gunung Larang Srimanganti anu nuluykeun Karajaan Sunda nepi ka abad ka-17 dina widang tutulisan. Ti dinya munculna naskah-naskah Sunda kuna anu ayeuna réa ditalungtik ku para ahli.
Kiwari Gunung Cikuray jadi salah sahiji gunung nu jadi tujuan wisata pangpangna para pendaki gunung, lantaran kaéndahanna, turta bisa nénjo éndahna Kota Garut di punclut gunung. Piken naék ka Gunung Cikuray aya dua jalur. Kahiji ngaliwatan perkebunan Dayeuhmanggung anu bisa ditempuh ti jalan raya Garut-Singaparna, Tasikmalaya. Anu kadua bisa ditempuh ti perkebunan Giriawas, Cikajang.
e.       Gunung Guntur
Tadi geus nyaturkeun Cipanasna nu aya di suku Gunung Guntur, ayeuna giliran Gunung Gunturna. Gunung Guntur nya éta salah sahiji gunung vulkanik nu masih aktif. Luhurna 2.249 méter ti beungeut laut. Sok sanajan gunung vulkanik aktif, teu saeutik jalma nu naraék ka punclut gunung nu padahal mah matak pibahayaeun. Lantaran da lamun geus nepi ka punclutna mah pamandangan ka lebak téh éndah pisan jeung matak hélok. Dayeuh Garut ngampar lir alketip.
f.       Gunung Papandayan
Gunung Papandayan salah sahiji gunung vulkanik ogé nu masih aktif di Garut. Ayana di kiduleun Garut, anggang ti Kota Garut kurang leuwih 28 Km. Nu rék ngajarugjug ka kawahna bisa ti dua jalur,, ti alun-alun Cisurupan atawa ti perkebunan Cisaruni, Cikajang. Éta gunung luhurna téh 2.665 méter ti beungeut laut. Kawahna kaitung lega aya kana 3 Km. jumlah kawah Papandayan téh aya 14 liang. Unggal kawah ngaluarkeun rupa-rupa haseup nu béda-béda. Aya nu warna bodas aya ogé nu warna emas. Ciri séjénna nya éta loba kapanggihna kembang édelwis (anaphalis javanica).
g.      Kabuyutan Ciburuy

Ciburuy téh ngaran kabuyutan anu aya di suku Gunung Cikuray. Perenahna di Désa pamalayan, Kacamatan Cigedug Garut. 23 Km anggangna ti Kota Garut. Kabuyutan Ciburuy ku para ahli dianggap tempat anu kacida pentingna. Alatan di dinya kasimpen rupa-rupa titingal sajarah anu kapiara nepi ka ayeuna. Malah kiwari ku Pamaréntah ditetepkeun jadi situs sajarah. Di éta kabuyutan téh aya nu disebut imah adat Ciburuy, hateupna injuk, ngadeg dina lahan nu legana kurang leuwih 380 tumbak. Wangunana nenggang ti imah-imah biasana. Lian ti jangkung, gedé deuih siga imah gadang nu aya di Minangkabau Sumatera Barat. Aya dua bagian wangunan, kahiji disebut Bumi Patonan, anu dipaké nyimpen barang-barang pusaka, diantarana keris, peso pangot, kujang, trisula jeung sajabanna. Anu kadua nya éta Bumi Padaleman anu kacida dikaramatkeunana, di dinya kasimpen kitab-kitab buhun anu ditulis dina daun lontar jeung daun nimpah. Jumlahna teu kurang ti 750 lembar. Kitu gé geus teu weuteuh da anu 438 lembar mah geus raruksak jeung hésé kabaca.
Ceuk para ahli, Kabuyutan Ciburuy téh baheula mah mandala, atawa pusat kaagamaan anu ditangtayungan ku Raja. Di dinya puseurna kagiatan inteléktual jaman harita. Éta dibuktikeun lantaran ku ayana naskah-naskah Sunda buhun, diantarana naskah Amanat ti  Galunggung jeung Sewaka Darma. Urang Kampung Ciburuy kacida tukuhna dina ngajaga éta aturan.tur lamun aya upaca séba, sakabéh warga Ciburuy kudu hadir, boh nu araya di lembur atawa nu keur ngalumbara. Sikep kitu téh katelah “tukuh Ciburuy”.
h.      Kampung Dukuh
Kampung Dukuh nya éta kampung adat tradisional Sunda, anu masarakat adat anu masih nyekel pageuh kana warisan atawa titinggal karuhunna. Teu béda jeung masarakat kampung Adat Baduy di Kanékés, Banten. Di Kampung Dukuh masarakatna dipahing hirup méwah jeung royal. Anu matak di Kampung Dukuh mah tayya listrik, jeung alat-alat éléktronik turta kamodérnisasian siga kiwari.
Kampung Dukuh perenahna aya di Désa Cijambé kacamatan Cikelét, Garut. Anggangna kira-kira 100 Km ti Kota Garut. Imah-imahna ngujur ngulon béda jeung imah-imah masarakat kampung adat Baduy nu ngalér-ngidul. Hateupna injuk atawa eurih, dibilik, sarta lanténa ku palupuh. Pangeusina teu meunang aya barang méwah.
Di Kampung Dukuh aya nu disebut kasauran karuhun anu geus turun-timurun, di dinya aya tilu pacaduan nya éta, kahiji pacaduan kampung nu ngatur ngeunaan wangunan imah jeung eusina, kadua pacaduan makom nu ngatur tatacara ka makom karomah, katilu pacaduan leuweung nu ngatur tata cara miara leuweung di sabudeureun makom karomah (makam Séh Abdul Jalil karuhun urang Kampung Dukuh).
i.        Kampung Pulo

Hiji deui kampung tradisional nu aya Garut nya éta Kampung Pulo nu perenahna ya di hiji pulo di Situ Cangkuang. Ilaharna kampung tradisional masarakat Kampung Pulo gé tuhu kana aturan anu geus diwariskeun turun-timurun ku karuhunna. Karuhun masarakat Kampung Pulo nya éta Syéh Arif Muhammad. Ajeunna tokoh Islam nu diutus ku Mataram nu gagal tugas nalika ngajorag VOC di Batavia, tuluy aanjeunna teu balik deui ka Mataram, antukna anjeunna ngababak hiji pulo di tengah-tengah Situ Cangkuang turta nyebarkeu Islam ka masarakat sabudeureun éta situ. Anjeunna téh boga anak tujuh . genep awéwé jeung hiji lalaki. Tah, budak awéwéna ditempakeun di genep imah nu nepi ka kiwari jumlahna hanteu nambahan sarta dilengkepan ku hiji masjid nu ngalamabngkeun budak lalaki.wangun imahna saragam nya éta imah panggung maké suhunan jolopong.
Di éta kampung aya aturan nu teu meunang direumpak. Kahiji teu meunang jarah ka makam Arif Muhammad dina poé Rebo. Kadua, jumlah KK teu meunang leuwih ti genep, saumpama aya nu nikah kudu kaluar ti Kampung Pulo. Lamun aya pangeusi kampung nu maot kudu diganti ku turunana nu awéwé. Katilu, teu meunang miara ingon-ingon anu suku opat. Kaopat teu meunag nabeuh goong.
j.        Leuweung Sancang

Perenahna téh deukeut kebon karét Mira-Maré aya di Désa Maroko, Kacamatan Cibalong, Garut. Lamun dijugjug ti Garut aya kana 118 km. Legana 2.175 ha. Loba dongéng nu nyaritakeun Leuweung Sancang, pangpangna ngeunaan maung kajajadén anu ceuk sakaol loba kapanggih di leuweung Sancang.

k.       Ngamplang
Mun ti Kota Garut nyawang ka béh kidul, bakal katangen aya pasir anu ponclotna siga pikabeutaheun. Lantaran di dinya ngampar jukut héjo jeung siga aya saung pangreureuhan. Éta téh daérah Ngamplang anu perenahna aya di Désa Ngamplang, Kacamatan Cilawu, Garut. Ayana di jalan liliwatan Garut-Singaparna, Tasikmalaya. Ti Kota Garut anggangna kira-kira 5 Km sarta bisa ditempuh ku kandaraan kira-kira 15 menitan.
Legana aya kana 26 Ha, umumna tegalan jukut héjo. Basa jaman Walanda kungsi aya Hotél anu dihususkeun keur opsir-opsir Walanda, tapi kiwari mah ngan ukur urut-urutna, alatan diancurkeun ku Jepang nalika ngjorag ka Garut.
Tapi kiwari Ngemplang geus dijadikeun objék wisata lantaran geus diwangun deui Hotél, lapangan gol kolam renang jeung lapang ténis, turta aya ogé arena laga domba atawa sok disebut Arlamba. Di dinya sok ayakeun rupa-rupa atraksi wisata, samodél pintonan kasenian jeung ngadu domba.
l.        Sayang Heulang


Kabupatén Garut téh diwengku ku daérah pagunungan, tapi ogé boga wewengkon basisir di pakidulan. Éta basisir téh pahareup-hareup jeung Samudera Hindia téh alamna teu éléh éndahna jeung daérah pagunungan. Diantara basisir di pakidulan, tempat nu pangréana didatangan nya éta Sayang Heulang nu perenahna aya di Désa Mancagahar, Kacamatan Pameungpeuk. Anggangna ti Kota Garut kira-kira 89 Km turta bisa ditempuh ku kandaraan dina waktu 3 jam. Ruteuna : Garut – Pameungpeuk – Mancagahar – Sayang Heulang.
Panjangna éta basisir téh kira-kira 3,5 Km, jeung legana 10 Ha. Di sisi lautna réa kapanggih tangkal pandan. Di éta basisir ogé disadiakeun  ruparupa sarana keur wisatawan. Kaéndahanna teu bisa diucapkeun kekecapan.
m.    Situ Bagentit

Salah Sahiji objék wisata Garut nu geus aya di jaman Walanda kénéh Situ Bagendit. Perenahna aya di Kacamatan Banyuresmi, Garut., sarta temoatna jadi liliwatan kandaraan Garut-Leuwigoong-Limbangan nu kungsi jadi tempat pangulinan wisatawan ti mamana. Kitu deui sasakalana, anu ngadongéngkeun kahirupan jeung kalakuan Nyi Endit.

2.      Kasenian
Kasenian-kasenian nu aya di tatar sunda kacida pisan réana, kitu ogé di Garut aya sabaraha kasenian sunda anu kiwari masih dimumulé ku masarakatna diantarana:
a.       Badéng nu mangrupa kasenian buhun, nu dipaké ku para ulama baheula dinya nyebarkeun ajaran Islam. Ieu kasenian bibit buitna ti Désa Sanding, Malangbong, Garut. Ieu kasenian téh ngagabungkeung seni solawat jeung tatabeuhan tina awi, teu béda jeung angklung. Ka béh dieunakeun éta kasenian téh hanteu ngan ukur dipirig ku angklung, tapi ditambahan ogé ku waditra séjénna, nya éta, angklung leutik 2, dogdog lojor 5, jeung angklung gedé 7 (ngawengku angklung indung, angklung kenclung, jeung angklung kécér).
b.      Lais nu mangrupa kasenian anu mintonkeun kamonésan nu deukeut-deukeut kana akrobat dina tambang. Dina prungna pagelaran Lais, dipasang dua tihang gombong nu jangkungna 13 m, nu ujungna dipentang tambang, jeung anggangna 6 m. kaayeunakeun mah saméméh dihelargeun Lais, sok dipiheulakeun ibing penca jeung bodor réog.
c.       Surak Ibra nu mangrupa gabungan tina seni Badeng, ngadu lisung jeung surak. Pangna diaranan Surak Ibra, alatan nu nyiptakeunna téh Pa Ibra, urang Kertajayaa, Cibatu, Garut. Tapi kulantaran seni Badéng jeung ngadu lisung mah geus prah aya dimamana, nya surakna nu dimekarkeun ku Pa Ibra. Anapon waditra anu dipakéna ngawengku, dodog 4, kendang 2, jeung tarompét. Liana disadiakeun susuguh sapoé saméméh pagelaran.
d.      Batik Garutan mangrupa seni rupa motif dina batik has Garut, warna batik garutan mah identic bulao, konéng, jeung beureum. Ari otifna mah aya turih oncom, merak ngibing, réréng apel, jeung kawung écé. Tapi ka béh dieunakeun réa nu dimodifikasi boh motif jeung warnana nu antukna muncul moti anyar diantarana, réréng udang, patah tebu, réréng calung, barong kembang, sidomukti, limar, cakra, réréng dokter, suliga, ayakan jeung angkin. Kiwari séntra batik garutan téh ayana di Jl. Papandayan, Garut.
e.       Jékét Kulit magrupa seni karajinan nu jadi salah sahiji komoditi masarakat Garut. Kiwari séntrana aya di Sukarégang, Garut Kota.
f.       Sutra Alam mangrupa kaén sutra nu dihasilkeun tina lamad nu dikaluarkeun ku hileud sutra. Daérang anu dipaké miara hileud sutra nya éta aya di Bayongbong jeung Cikajang.
3.      Kulinér
Lamun ngabahas ngeunaan kulinér nu aya di Garut, geus pasti nu bakal kasawang mimiti téh nya éta dodol Garutna. Tapi salian ti éta aya ogé kulinér séjénna has garut diantrana aya Endog Léwo mangrupa kadaharan nu dijeiun tina léwo nu wangunna siga endog nu gedéna sagedé endog puyuh. Aya deui ngaranna Pindang Écot nu mangrupa pindang lauk emas nu asalna ti Cidatar Kacamatan Cisurupan, Garut. Aya ogé Sambel Biuk nya éta sambél nu asalna ti Cibiuk nu cenah loba béja sambelna téh béda tinu séjén lantaran sakumaha ladana ogé éta sambel moal matak nyieun nyeri beuteung.


4.      Batu Ali Garut
Geus teu bireuk deui lamun ngomongkeun perkara batu ali di Garut mah, da Garut réa ngahasilkeun batu alia nu kawéntar ka mamana, diantarana aya batu héjo bungbulang nu harga jualna bisa nepi ka puluhan juta, aya deui nu geus katelah mah batu pancawarna asli Garut, nu réa ngaran-ngaranna. Aya Pancawarna Édong, Pancawarna Uhén, jeung Pancawarna Darson nu hargana gé teu éléh séak ku batu bungbulang. Teu saeuti jalma nu ngajarugjug ka Garut téh keur néangan éta batu-batu ali asli Garut.

Sabenerna mah réa kénéh kamonésan nu aya Garut téh ngan aya nu geus kawéntar jeung aya ogé nu masih nyamuni. Teu salah Garut katélah ku cacandran Garut Pangirutan, da mémang Garut téh matak ngirut wisatawan sangkan datang ka Garut. Urang salaku masarakat tatar Sunda kudu bisa ngajaga, ngariksa, jeung ngamekarkeun warisan karuhun urang hususna kanggo masarakat Garutna sorangan, umumna keur urang sadaya.
*) Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
Referensi:
·         Komunitas Sriganti Garut.2004.Ensiklopedi Alit Garut.Garut:Dinas Pendidikan Kabupaten Garut
·         Rupa sumber séjén.
Read More

Prawawanohan minangka Pamuka Mitra Sunda


Ku Muhamad Kusaéri



Salasa, 1 Séptémber 2015

            Geus teu bireuk deui unggal taun ajaran anyar di unggal departemen (jurusan) di UPI atawa di kampus séjénna téh sok ngayakeun nu ngaranna ospék jurusan minangka proses pengaderan di himpunan mahasiswana, sok sanajan ngaranna téh sok béda-béda diunggal himpunanna. Kitu deui di Hima Pensatrada nu aya di Departemén Pendidikan Bahasa Daérah  FPBS UPI nu ngaranna téh Mitra Sunda.
            Éta  kagiatan téh biasana diayakeun saminggu sanggeus dilaksanakeunna MOKA-KU UPI, tapi saméméh nyanghareupan Mitra Sunda, biasa sok dibuka heula ku nu ngaranna Prawawanohan. Éta kagiatan téh udaganna pikeun silih wanohkeun unggal mahasiswa anyar DPBD turta méré informasi ngeunaan naon waé nu bakal aya dina Mitra Sunda téh. Kitu ogé nu nembé kaalaman ku para mahasiswa anyar DPBD 2015 dina poé senén kamari.
Anapon sabaraha kagiatan atawa kuliah umumna nu tadi ditepikeun ku lanceuk-lanceuk tingkatna nya éta, aya silih ngawanohkeun diri unggal mahasiswa anyar DPBD 2015, silih némbongkeun bakat-bakatna, ngajarkeun salam Sunda 2015, pematérian perkawis jargon éntragan 2015,, pembagian kelas jeung kelompok, jeung pancén munggaran nu kedah dicumponan nalika Mitra Sunda dikawitan.
            Jargon entragan 2015 téh nya éta Guegeut, Layeut, Paheut nu boga harti jero ngeunaan karempegan entragan 2015, da udagan dina éta jargon téh sangkan sadaya mahasiswa boh nu anyar boh nu heubeul bisa guyub kalayan ngahontal pamaksudan tina éta jargon.
            Katémbong pasemon-pasemon para mahasiswa anyar 2015 nalika ilu biung acara Prawawanohan tadi. Sakumaha diujarkeun ku salah sahiji mahasiswa anyar DPBD 2015. “Ieu acara téh acara anu wajib pisan diayakeun diunggal taun, alatan ngaliwata ieu acara para mahasiswa anyar téh bisa langkung deukeut jeung akrab deui nalika badé ngawitan perkuliahan.” Pokna. “Abdi miharep kapayunna ieu kagitan tiasa langkung ngahibur sareng méré sumanget langkung ka para mahasiswa anyar sangkan bisa getol dina ngalakukeun kagiatan perkuliahanna, da ngarasa boga lanceuk tingkat anu kacida balalageurna, jadi ka diri urang téh matak pikabetaheun” tambahna téh.
            Mémang geus sakuduna jalma mah dina hirupna téh kudu silih asih, silih asuh, silih asah sangkan bisa guyub, loba batur, jeung loba dulur. Ku kituna éta kagitan téh bisa langkung dironjatkeun deui kapayunna sakumaha anu dipiharep ku para mahasiswa anyarna. (réd.) 
Read More
Diberdayakan oleh Blogger.

© Copyright Turus Hima Pensatrada