Kumpulan Sajak Pamilon Turus 2014



Indung Jajantung
                                                   Ku Ratna Nur Hasanah

Saban léngkah disaparat jalan nu poék mongkléng
Mo weléh dipirig ku lapad-lapad kabagjaan nu diaoskeunana
Keclakna ci késang gumulung
Jeung keclakna ci ibun saban janari               

Tangkalna kanyaah anu tuluy mekar
Katresnana lir paulna sagara
Kahariwangna lir jamparing nu melesat ka awang-awang
Tunggulna karahayuan nu jadi pangleler angen

Du’a du’ana ngocor ngagolontor kana kamalir dina ieu nadi
Panguat raga jeung galih
Salila hirup jauh ti huma
Salila ngalalana dina ketirna kahirupan

Bandung, 9 Désémber 2014






Surat Keur Kawali
Ku Resya Lutfia Dewi

Di luar,
Langit sacaang damar
Sapasang jandéla kamar
Sakolébat angina,
Kabanting-banting ka arah kuring
-jeung noel implengan pangjauhna

Lir jandéla nu kabanting éta,
Anjeun nya éta gusar nu jadi indung

Jeung di langit sacaang damar
Sono mangtaun-taun nu matak lapar
Ngabuyar ogé wanci magrib
Lir sahaji éksodus lalay

Na teu kapireng ku anjeun
Sora ti pangumbaraan
Nu unggal-unggal teu dipaliré
Jeung nu sieun kaleungitan
Kadangdingkeun ogé di dinya:

Kuring sapotong kecap
Nu teu kaburu diucapkeun
Ti hiji raja nu karaheutan
Pikeun saurang Pitaloka
Jeung jalma-jalma di astana
Bandung, 2014






Ning Nang Ning Eu
Ku Anggit Galih G.
Ning kuring ting tangtung
Nang dia ting tungtung
Ning kuring ting jurung
Eu dia ting di juru

Tangtungkeun ku kuring
Tungtungna ku dia
Tungtungna kuring di tungtung
Tungtungna dia nu nangtung




Bandung, 2014










Sareupna Layung Sandékala
Ku Haqi Ridho Aulia Muhtar


Nyawang langit di tonggong gunung
Lebak léngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Katalikung caangna layung
Hibar layung anu mapaés gunung
Nya layung nu ngaberung mangprung

Geus wanci, nyiatan mapag sareupna
Lamun geus ngagayuh ka wanci sareupna
Barudak geura ngarampih
Tong wani ngulampreng jeung ngarasula
Lamun ngarasula
Bisi aya sandékala

Geger Arum, 3 November 2014









Jajaka Sawawa
Ku Riyan Triana

Kalakay kajayaan ngalayang na rasana
Rangrang kagagahan ngalangkang na ragana
Akar amarah ngawasa sang jajaka
Nyawana ngalayang tanpa raga, ragana ngalangkang tanpa nyawa
Asa pang jayana, asa pang gagahna, asa pang kawasana nangtang batara
Napak jagat Marcapada, napak alam Madyapada
Padahal mah asa sang Yama tatapa na lawang Mayapada
Sapa para batara :
“Aya mangsa sang Yama bakal datang, mawa nyawa sang jajaka”

Kalakay laas tanpa karya, rangrang laas tanpa jasa, akar laas tanpa tanda, tangkalna laas tanpa tapak
Rasa hanjakal natrat na manah sang jajaka
Jalan caang kahalangan rasa kahayang, jalan badag kahalangan rasa kapanasan
Dasar, jajaka anyar sawawa!
Dasar, jajaka sawawa anyar

Bandung, 6 Désémber 2014







Asih Kanggo Salira
Ku Farhan Mustaqim

Ti saprak ngawitan tepng
Émut kénéh amparan daun-daun cumarita
Tumpukan tulisan dina lontar-lontar

Kuring lir ibarat mapay jalan satapak
Ngarambu leuweung hideung hideung
Angin tiis nyelecep kana embum-embunan
Katitipan haréwos ti anjeun anu nyaliaran dina dada
Miharep kuring nyambuang seungit

Unggal isuk, unggal beurang, unggal waktu..
Taya kendatna marengan
Lir ibarat disimut ku halimun, diaping ku indung peuting

Haturan anjeun nu nyamuni dina haté kuring
Kuring tresna ka anjeun….
Siga gula jeung peueut
Kaayaan hiji jalma moal bisa dipisahkeun
Bandung, 2014





Badé kumaha deui?
Ku M. Ramdhan Firdaus

Kungsi éta damar nyaangan ku caangna
Nyaangan lebah-lebah rohangan
Rohangan mana?
Rohangan nu tinggal sepa

Urang kungsi ngadatangkeun minyak
Nyangsangkeun sagara harepan
Tapi duka, pék téh teuing
Sadar ka ayeunakeun

Aya waktuna……
Aya wanci geusan ngajadi
Urang bandung ngabandungan
Cimahi nu manéhna
Bandung, 2014







 
Poé Saptu

Ku Dian Dini Islamiati

Poé saptu di sisi situ nu itu
Ngeluk tungkul cindekul
Diuk luhur batu
Ciga nu tatu atawa nyeri huntu kitu?

Disampeurkeun beuki deukeut
Témbong neuteup bangun geugeut
Kadal ucap hayang ubar
Pikeun haté nu keur raheut


Geger Arum, 16 Désémber 2014









Hymne Panungtung Jaman
Ku Ricky Arfiana Rosadi

Ngagantung na tali
Kasorang nyastra kahadéan
Nyakra korsi-korsi tirani
Maténi tahta kongrés
Badéga démokrasi prématur

Panon poé jadi saksi
Saksi seukeutna tali
Paralatak getih kana langgar apatis
Ceurik rahayat teu ngandung harti
Mapag kalangkang martir

Réformasi mawa mamala
Palagan dosa manusa
Bandung, 2014





Kiwari

Ku Ferdina Husdianto

Angin halodo anu kamari
Niupan manah nu teu genah
Di sisi kuring anjeun jangji rék ngahiji
Lir béntang jeung langit nu ngahiji

Kiwari lain kamari
Anjeun lunta tina katugenahan
Anjen lunta tina carita urang duaan
Katumbiri nu kiwari
Jadi saksi urang teu bisa ngahiji

Bandung, 2014







8
Ku Santi Nurjanah

Wanci
Tuluy nyérélék
Ngabaturan lalampahan
Nu kadang di luhur jeung di handap

Pancén
Nu kudu diinget
Hirup urang lain sakur di dunya
Tapi ogé di ahérat

Bandung 2014









Néang Carita
Ku Tsany Nurfajriani

Kasawang béntang nu baranag mawa bagja na carita                      
Mabra dina permadani peuting macangkrama jeung badra
Carita mancawura
Carita ngumbara jeung hiliwir angina
Geleber….. jangjang katineung mawa hiber
Ingkeun sina katutup halimun

Bentang kalimpungan
Néangan carita dina rambisakna dunya
Nyingkab lauk nyingkab mega
Teu karasa béntang katalangsara

Badra leungit caangna
Srangéngé geus mangsana moékan
Komo béntang, cenah teu ngarangrangan
Tapi angger baé katohyan
Katineung nyambung ngawang-ngawang
Bandung, 19 Désémber 2014
(Lédeng Girimis)






Ema
Ku Sri Veni Oktaviani

Ma……
Gening peuting téh jeung poékna
Beurang téh jeung srangéngéna
Hujan gé jeung katumbirina

Tah Ma….
Lir indung jeung anakna
Kanyaah nu moal pisah



Bandung 16 Désémber 2014









 
Imut Salangkung
Ku Rohimat

Imut anjeun, sariak dina dada
Teuteup nu seukeut bawaning kagemet
Nepak saliwat kana haté nu tibelat
Bet gumeter raga nu taya pangawasa

Naha anjeun teu bisa leungit dina bayah kuring
Maturan hawa nu eungap nalika rénghap
Anjeun kapan nu sok maturan téh
Dina sapanjang jalan kahirupan

Mun téa mah anggang
Haté sok ngahelas kaleungitan
Tapak anjeun nu ngagembat dina implengan
Mugia bagéa dina ahirna
Bandung, 2014





Hariwang Manah




Ku Lita Utami
  Sedih anu dipirasa
  Kakeuheul anu dipibanda
  Naha kunaon ieu manah tèh?

  Hariwang manah

  Anu ngajadikeun kuring rambisak

  Anu ngajadikeun kuring putus harepan
  Taya pisan katugenahan
  Diri kuring nu keur nyorangan
  Duh hariwangna manah

Bandung, 2014











Sirius Béntang Petingan

Ku Anisa Gusnira




Sirius

Nu hérang di langit lénglang             
Nu sumawur nyaangan jagat
Hiji cahya nu hibar mencar
Béntang petingan maturan bulan


Hiliwir angin nyérédan halimun

Nu nuruban lalangit dunya
Rék mareuman éndahna cahya
Sirius
Anjeun béntang nu pangcaangna


Unggal peuting haté nyaring

Sieun béntang ninggalkeun diri
Kaasihna sieun ka pati


Duh indung

Bandung, 2014